Wilujéng Sumping Lur!

Budaya sunda warisan ti karuhun teh kiwari ampir ampiran ngan sakur tinggal carita hungkul, gés langka barudak ayéna nu daek ngamumule budaya seni sunda (Terutami dina Basa tur carita), cénah era atawa ku mangrupaning alesan sajabana, atawa ngan sakur ku gengsi, duh prihatin pisan!.
Jumlah pengikut Blog ini

Saupamina bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira dina kotak handap ieu: (Haratisss!)


Protected by Copyscape plagiarism checker - duplicate content and unique article detection software.
0

Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2

Neraskeun postingan Kujang kamari Alhamdulillah aya respon ti administrator kujangpamor.com langsung, nambihkeun gallery kujang anu langkung lengkep (Hatur nuhun pisan), kumargi seer, ku simkuring dijantenkeun album Gallery bae, sumangga bae saupamina bade copy paste gambar atanapi content wajib nyeratken sumberna, nyaeta: - Kujangpamor.Com -


Teu hilap dihandap ieu aya katerangan nami - nami bagian tina KUJANG nu langkung jentrena:

Kujang_Abah_2 Kujang_Abah1

- Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya -

Gambar: Kujangpamor.com (Kang Igus nurapratama), Hatur nuhun pisan. Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.

2

Kujang Sunda (Jawa Barat)

kujang1-bodas kujang2-bodas

Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram.

Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkaeun kaseukeutan sarta daya kritis dina kahirupan ogé perlambang kakuatan sarta wawanén pikeun nangtayungan hak sarta ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu ngan dipaké ku golongan tinangtu nyaéta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, para putri sarta golongan kaum wanoja pinilih, sarta para kokolot.

Dina Wacana sarta Khasanah Kabudayaan Nusantara, Kujang diaku minangka pakarang tradisional masarakat Jawa Barat (Sunda) sarta Kujang dipikawanoh minangka pakarang anu ngabogaan nilei sakral sarta miboga kakuatan magis atawa kakuatan ghoib. Sabagian nu naliti nyébutkeun yén istilah Kujang asalna ti kecap Kudihyang jeung akar kecap Kudi sarta Hyang. Kujang (ogé) asalna ti kecap Ujang, anu hartosna manusa atawa jelema. Manusa anu sakti lir ibarat Prabu Siliwangi. Manusa anu sampurna dihareupeun Alloh sarta miboga derajat Ma'rifat anu luhur.

“…Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit, wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara ngaraksa. Kujang the dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur galur nu cacatur, kujang dua pangadekna…”

Ampir sabagian ti masyarakat Jawa Barat apal kana kujang. Tapi, teu loba ti maranéhanana anu nyaho leuwih jero latar sajarah atawa simbol - simbol hartian di balik kujang (kalébét simkuring pribados pangintén hiks...). Kujang ngan nu di pikanyaho teh ngan saukur sawatés sajenis pakarang has Sunda jéng wangun anu ngabogaan tungtung nu seukeut/ runcing. Saleuwihna meureun, Kujang ngan dipikanyaho minangka lambang pamaréntah Propinsi Jawa barat wungkul atawa sanjata khas Sunda.

kujang-liezmaya

Alhamdulillah dugi ka deungeut ayeuna sanajan teu acan ngagaduhan Kujang dibumi “sakadar kangge cindera mata hiasan dina tembok tapi simkuring parantos ninggal tur nyépég langsung eta sanjata has sunda teh” basa dina kasempetan ngiriungan ririuangan di Bandung, buatana Bapak Hadian Wasita Saleh – Dosen ITENAS (Institut Teknologi Nasional), atanapi nu akrab disapa Kang Hadian, sareng simkuring gaduh dua tawis katinéng “leres kitu istilahna? Hehe” dua Bros kujang warna emas ti salah sawios pangurus situs www.kujangpamor.com , hatur nuhun :P

CIMG0318

CIMG0319

Mangga saupamina para dulur – dulur ngagaduhan minat hoyong terang langkung jero ngenaan Kujang tiasa ngabujéngan bae situsna di Www.kujangpamor.com sakantenan tiasa oge pesen/ balanja online kujang dina situs pengembangan budaya kujang eta.

Cag ah, InsyaAlloh sanes waktos dicukruk langkung jero.
Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar: Kujangpamor.com (Kang Igust nurapratama, dokumentasi simkuring pribados.Sumber ti sababaraha rujukan Website dina Google

Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.

1

Download Mp3 Kacapi Suling



Postinga ieu mung sakur bade masihan sakedik bongbolongan...Mangga boh bilih aya para wargi sadaya nu meryogikeun download kacapi suling Jaka sunda, kacapi suling Cianjuran, Kacapi suling Gupay Sarakan, kacapi suling suara parahyangan, kacapi suling sabilulungan, kacapi suling album kotras suling, kacapi suling Arum bandung, tengah peuting, es lilin, bajing luncat, jeng sajabana...tiasa langsung tepangan bae kaca http://tinyurl.com/kacapisuling

Image: Kabumi.Org

Nu Nyaremah Tur maranco



Milari naon atuh?

Memuat...