LieZMaya, Hiji wanoja nu lahir di pakampungan Cimuncang Jelekong (Kampung pakumpulan seniman sunda, sapertos dalang, pelukis, ukiran wayang, jsb.) ping 10 Agustus 1988 dina dinten Rebo tengah wengi antawis tabuh 12 weungi ngagubrag kaalam dunya tina panto rahim ibu nu mulya nyaeta Nyai Eti binti Aman sareng pun bapa, Ayi Abdulrachman Herliansyah. Ti umur opat Taun ngalih ka lembur leutik nu ngarana kamung Cidodol, desa Rancakole nu ngabogaan kacamatn Arjasari. Ti mimiti pindah nepi ka dumelar ayeuna Alhamdulillah ngaraos betah sakulawarga teh. Putri nu kahiji tina opat sarangkai adi lanceuk.
Jenengan asli simkuring Lilis Mayasari nu sok di geroan ngaran singkatna "Neng atanapi Lis", rayi Robi - Robiansyah, N. Rifa Nurfadillah, M. Reizhan Ramadhan.
Ngabogaan pasifatan nu nyaah kadulur, resep ikhtiar dibarengan ku akherat InsyaAllah, tur mikacinta Budaya sunda. Najan simkuring teu lahir ti indung bapa dina lingkung kasenian, tapi aya kahayang kereteg hate saeutiknamah ngamumule budaya sunda. Najan ngan sabatas curat coret ngacapruk diajar dina Blog ieu, InsyaAllah hoyong nerasken kapayunna.
Ayeuna simkuring nuju ikhtiar nyiar elmu jeung dunya di kota Bekasi barat, dina widang parusahaan IT hosting nu ALhamdulillah tos dikeureuyeuh ti taun 2006.
Saprak kaluar namatkeun sakola di:
- SDN Otto Iskandar Dinata - Bahuan Arjasari.
- SLTPN/ SMPN 3 Ciparay - Babakan Ciparay.
- SMK Mutiara sandi Baleendah dina widang jurusan Manajemen Bisnis.
InsyaAlloh hoyong nerakeun ka paguruan tinggi pami aya yiswa, kasempetan tur ridlo ti Gusti Alloh SWT. Amin.
Mung Sakitu heula ah,
Cag...Baktos simkuring.
Lilis Mayasari A.K.A LieZMaya.



0 pesen:
Poskan Komentar