Wilujeng sumping lur.

10 Nov 2007

Khotbah Nikah Bahasa Sunda

Ku Ganjar Kurnia



Bismillah
Alhamdulillah

Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi

kiwari cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi Yusuf sareng néng Rahmah didahupkeun
di balé nyungcung

Ayi Yusuf , Sabada ijab kabul diucap nami Rahmah anu satadina dibintian ku nami ramana baris robih dituntungan ku nami ayi Yusuf hartosna ti danget ijab kabul tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng Rahmah di pasrahkeun ti ramana ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan – tapi – makna nikah nungtut pertanggel waleran)

Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng husnul khotimah

kadua ibadah

mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten ayi Yusuf sareng neng Rahmah
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qur’an

upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah

kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi Yusuf ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng Rahmah

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng Rahmah
dina du’a demi du’a
nu dilafadzkeun ku ayi Yusuf

Katilu akhlaq

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi Yusuf di tungtung ditu – Néng Rahmah ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga

kumelendangna urang di alam dunya aranjeunna lantaranana

salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang

kanyaah sareng kaihklasan anu teu kénging dimomorékeun kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du’a demi du’a — anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya

Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi Yusuf ti Ciamis – sareng kulawargi néng Rahmah ti Kuningan
Ayi Yusuf sareng Néng Rahmah
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian

Kaopat, cita-cita

Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga

ku kituna prinsip
“kuu anfusakum wa ahlikum naaro”
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga

upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé didik ku kaislaman sareng kasundaan

Ayi Yusuf miwah néng Rahmah
dinten ieu,
dua oktober salapan opat
sabuana – samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

baarokallohu laka
wa baroka ‘alaika
wajama’a bainakuma
fii khoir

kirang langkung kitu tah khotbah nu sok dipapatah ku ustad/ kokolot dina
wanci poe ngahijikeun dua jalma anak adam dina patalian laki rabi
. nu
diluhur conto khotbah diantawis akad nikahna Ayi Yusuf sareung neng Rahmah :)

cag ah !


9 Nov 2007

Tongtolang nangka

Hiji waktu kuring ka ondangan nyunatan di daerah Bogor. Di ondangan teh dihibur ku kasenian organ tunggal ditambahan kendang. Cenah ceuk urang dinya mah "Pongdut", Jaipongan jeung dangdut. Duka kunaon eta teh diaranan Pongdut da teu aya jaiponganana, nu aya ukur sora
kendangna wungkul. Nu nyanyi dipanggung barudak awewe rumaja sababaraha urang marake pakean anu aduhey, tinggaritek jeung tinggareol, sariga cacing kaleob cipanas. Aya oge panyanyi Lalaki, saurang, make calana jins jeung kaos. Sorana alus, nyanyina ge sarua gutak-gitek nurutan irama kendang.

Di ondangan kuring diuk ditukang. Mimiti mah ngobrol kaditu-kadieu sakur jeung nu wawuh. Ngan kulantaran teu puguh dedengean, da kasilep ku sora speker, Tuntungna ngajentul nempokeun nu tinggaritek di panggung. Teu kungsi lila panyanyi lalaki ngomong dina mik, cenah saha nu rek nyumbang lagu. Mimiti mah papada arera, tapi sulungkrung aya nu wanian. Der nyanyi, sarua gutak-gitek, sorana siga embe kacekek, "Si Jablay ....si Jablay", cenah.

Beres nu nyanyi "si Jablay", jebul deui saurang, naek panggung. Der nyanyi campur sari, "cucakrawa". Ieu mah sorana rada alus. Nu sejen, papada galehgeran, tingterekel naek kana panggung, der jararoged. Geus kitu, jelema bareuki waranian, loba nu nyanyi jeung jararoged,
ongkoh deuih si MC teh rada pikasebeleun, nu acan nyanyi atawa joged hayoh digeroan disina nyanyi atawa joged. Tungtungna ampir kabeh nu ngariung hareupeun panggung, jararoged, iwal kuring jeung sabaraha urang deui. Kuring geus teu ngeunah cicing, walah kumaha lamun ku MC
digeroan, padahal kuring teu bisa gutak-gitek kitu, komo dititah nyanyi mah, teu bisa. Ti SD tepi Ka SMP, peunteun nyanyi teh salawasna beureum wae.

"Bapa nu dikacamata, mangga dihaturan kapayun, bilih bade nyumbang
lagu kanggo sahilbubet", ceuk MC ngagorowok.

Kuring tempa-tempo, saha nu dimaksud MC nu dikacamata teh, eh geuning euweuh, iwal ti kuring. Rey teh getih turun, walah kuring dititah nyanyi atawa joged yeuh. Kuring gigideug, ngan cilaka, nu gigireun jeung tukangeun, malah ngaromong; "Hayoh ...hayoh ...", bari narangtung jeung memetot kuring ngagusur ka panggung.

Atuh kapaksa kuring nguniang nangtung, suku karasa singsireumeun, da waktu diuk suku ngalipet wae. Tapi kawani mah jadi kaluar, ngilu ngadigdig ka panggung bari mikir lagu naon nu rek dipenta. Acan ge kapikir, pas rek naek panggung pisan, si MC nanya rek lagu naon, cenah.

"Tongtolang nangka!", ceuk kuring teh tarik, sakainget. Eh ieu suku singsireumeun kabina-bina teuing. Kuring ngarendeg teu jadi naek panggung. Ari nu maretot mah geus sing terekel naek kana panggung. Ceuk MC teh : "Mangga ieu lagu tongtolang nangka, pamundut ti Bapa W".

"Tongtolang nangka teh siga kumaha", Ceuk panjanyi awewe teh rungah- rungieuh.

"Eh .....eta geuning, totongtolang nangka kawinan bapa", si panyanyi lalaki ngahaleuang, bari terus nyodorkeun buku nyanyian. Para panyanyi jeung MC jadi pakepuk mukaan buku, neangan lagu Tongtolang nangka. Kasempetan yeuh, kuring ngaleos deui, ngagidig ngajauhan terus diuk dina korsi anu rada buni.

Sigana kapanggih tah lagu eta teh, der nyanyi, bari jeung dijarogedan :


Tongtolang nangka,
kawinan Bapa, poe Salasa, teu beja-beja",
Aduh ...aduh si bapa, ulah midua,
banda teu boga, anak geus rea,
Huh, umur-umuran kakara digugusur dititah joged di panggung, tapi untung salamet teu jadi joged dipanggung, meureun mun joged teh, si bungsu, anak kuring anu cerewed, bakal yeungseurikeun. Ngan waktu balik, pamajikan ngagelendeng :


"Na ari Papah, teu kira-kira menta lagu Tongtolang nangka sagala!"
"Har
....nya naon salahna?"
"Naha teu nyaho kitu, apan nu BOGA HAJAT teh
.....ISTRINA DUA!"

"?????????????"


hehe janten hoyong seri ah :D

carita diluhur dicandak ti Milis urang sunda baraya_sunda@yahoogroups.com
ti Waluya56
Nuhun ah


7 Nov 2007

Sastra basa Sunda : BANDÉRA KONÉNG

“Sok kudu kumaha atuh dék, kieu salah kitu salah, mun ceuk paribasa mah mobok manggih tikotok bobogohan jeung si Bola mah.” Si Suéb kukulutus ku teu puas kana kaputusan beubeurehna.

“Alloh Huakbar …Alloh Huakbar…”. “Aduh geus magrib eung kumaha atuh.” Kuring méngparkeun obrolan. Langit rada angkeub, hawar-hawar geledegan nandakeun rék turun hujan meureun. Na angkot ngangkleung ti Caheum majukeun ka Cileunyi, lebah pisan bunderan Cibiru aya awéwé jeung salakina jigana mah, da geuning jiga nu rada dituntun leumpangna éta awéwé téh, bari pepedengkelan nyabakan beuteung.

“A perih pisan, kumaha atuh teu kiat abi mah A, bilih abi pondok umur kadé nitip si Enéng nya”

“ Yeh ari étéh nyarios téh sok teu pararuguh, lain mah ngadoa sing énggal damang kituh. Enya sanés teu hoyong, tapi kapan saur Doktor…”.

“Kiri-kiri”

Teu lila ceuli kuring pindah dédéngéan ka jalma anu rék turun. Jeduk, “aduhh….”

Sirah jalma anu turun téh tidagor, gurunggusuh teuing tuda teuing aya naon, jigana aya téangeun, pasti pais kacang atawa asin cucut nu can béak kitu. Terus wéh pikiran kuring ngacapruk kamana mendi, tibatan ngadéngékeun curhatan Si Suéb nu teu puguh.

“Géhéng…bodlo…, ngalamun.. wéh, ngalamunkeun naon sih.” Si Suéb ngebug kana taktak.

“Ieuh kudu kumaha, dék jadi jangar..” omongna.

“Manéh geus jangar, komo urang” Témbal kuring.

Jadi ngan opatan na angkot téh ayeuna mah, Si Suéb, Si Étéh, Si Aa jeung kuring. Ké.. ké.. Eh enya ari supir moal kabawa, ari mobil saha nu mawa, aduh géhéng pisan ieu uteuk geus ngehéng, loba teuing ngadéngé Si Suéb ngacacang. Kipas wiper mobil geus dijalankeun, hujan geus turun, solat magrib kaliwatkeun, ningali Si Suéb – Si Bolana teu bogoheun, kuring jadi seuri sorangan, duh… gusti… hampura abdi. Panasaran nya saha Si Bola?, ngarana mah Rahma, di sebut bola sotéh, pedah awakna buleud kawas bola. Mobil ngalaunan da dierém ku supir, aya panumpang ayar awéwé duan ditariung hideung, baju coklat krém, calana hideung, nu hiji mah dikacamata. Kamana atuh gaya, mani saragam? Kuring nanya, tapi na haté. Payungna ditutupkeun, jigana geus balik gawé, teuing ulin, magribna kaléwatkeun teu nya?, na ari manéh, pikiran téh sok suudon, sidik manéh nu tas ulin, nu magribna kaliwat, ceuk kuring nyarékan manéh.

Lebah Cinunuk pas Borma.

“kiri-kiri, dipayun pa supir, pas gapura cét konéng” Si Étéh jeung Si Aa tarurun, payungna dibukakeun, ngasongkeun duit ka supir terus arindit. Ningali warna gapura, pikiran kuring geus ngalayang deui inget ka warna hiji partey, atuh kampanyeu wahé geus teu usum ogé, yéh ari kuring naha, kapanan ayeuna téh jamana orde répormasi, jamanna bébas, bébas milih, bébas SPP, pokona mah sagala bébas kaasup bébas meuli béas nu macem-macem hargana jeung jigana bébas ngala suluh deui di leuweung, jang hawu da geuning minyak lantung na gé geus jarang, da loba dianalisis ku pamaréntahna nu tanda kutip. Geuleuyeung deui mobil indit, lain mani satia nya ieu mobil maturan dununganna, jigana tiisuk jedur nepi kawayah kieu, pikeun ngabélaan kahirupan kulawarga dunungan nana. Na ari kuring duit ti kolot kénéh, can bisa néangan pakasaban, bisana téh méakeun hasil kasab kolot.

“Kopin… Nangor….Kopin…Nangor” hawar-hawar sora kendék nu ngagero calon panumpangna. Hujan geus raat, kuring jeung Suéb turun tiheula bari mikeun ongkosna ka supir.

“A…a.. ieu punten kakantun, murag tadi panginten”

Ceuk dua awéwé bari ngasongkeun amplop bodas. Pikir kuring naha wayah kieu aya nusadar mere duit ka kuring. Terus Suéb ngarebut amplopna.

”Dieukeun nu dék ieu mah!”.

Sabari diilikan, digalar digilir.

“Lain, ieu amplop naon nya, nu saha?.”

“Cing baca atuh, éta aya kop suratna. Ngajeblag hideung tulisan na téh “POLIKLINIK AZHAR”,

“géhéng geuning aya tulisan poliklinik sagala, surat naon nya!?”.

Kuring duaan sing haruleung, bingung mikiran.

“Tenang..tenang.. ayeunamah mendingan urang dahar heula, lain ti isuk can dahar” omong kuring jiga heueuh nu tenang padahalmah bingung.

“ Mang, lélé dua paké nasi”.

Sabari nungguan pecel lélé, kuring neruskeun obrolan nu tadi.

“Lain ari ieu kira-kira surat nusaha jeung surat naon?”.

Omong Suéb bari kerung. Ké…ké…tadi téh asa aya penumpang anu naékna pas bunderan Cibiru, pikir kuring langsung na haté, moal salah deui ieu téh surat anuna, jigana surat pikeun panganter ka doktor.

“ Jiganamah ieu surat téh surat Si Étéh jeung Si Aa”. Tembal kuring.

“Nu mana, nu tadi turun di Borma lain. Trus kumaha atuh?.” Ceuk Suéb. Mangkaning harita téh aya kana jam dalapannan, dahar geus réngsé. Kuring jeung Suéb jalang jéléng teu puguh haté, kudu dikumahakeun ieu surat. Mun teu salah mah Poliklinik Azhar téh aya dibehkuloneun péngkolan IAIN.

“Cing ari tidieu ka bundeuran cibiru sabaraha menit?” omong kuring ka Suéb. “Aya kana saparapat jam mereun.”

Teu dipikir deui kuring langsung ngajak Si Suéb indit deui ka Cibiru dek ka Poliklinik Azhar, soalna mun langsung dibikeun ka imahna nuboga, kuring bingung da teu nyaho alamat-alamatna acan jeung kuring teu wasa pikeun muka éta surat jadi euweuh deui jalan iwal kudu indit ka éta Poliklinik, sugan jeung sugan engké diditu pagawéna bisa méré alamat éta si Étéh.

Jam salapan kurang limawelas menit kuring duaan geus neupi ka poliklinik Azhar. Koridor keur diturun-turunkeun jigana geus maju ka tutup yeuh poliklinik téh, pikir kuring. Deregdeg téh si Suéb lumpat, ngadeukeutan jalma nu keur nutup poliklinik, sabari ngebug taktak si Akang.

“ Kang ké heula tong waka ditutup, dék aya perlu sakeudeung.”

Dasar si Suéb turunan kulon, jeung kolot gé angger baé kasar.

“aya naon kitu jang” témbal si Akang.

“ieu kang, abdi téh mendakan serat anu dina kop seratna téh aya alamat ieu Klinik, maksad téh badé sakantenan naroskeun alamat anu gaduh ieu surat” témbal kuring.

“Oh… kaleresan anu tugas dina bagian surat menyuratmah tara mulih, aya waé di kantor ka lebet wéh.”

“Hatur nuhun Kang”.

Kuring jeung suéb ka jero klinik, nyampak aya awéwé pangawakan nana jangkung leutik, kulitna bodas terus aya karangan deuih dina tarangna, pokonamah manis pisan.

“ maaf barangkali bisa dibantu?” omongna.

“ ini kami téh ingin menanyain alamat yang punya ini surat” témbal kuring. “coba lihat”

Surat ku kuring diasongkeun lansung baé manéhna ngabuka éta surat, terus dibaca.

“oh ini suratnya ibu Susan, surat pengantar oprasi dari dokter ke rumah sakit, untung kalian ke sini, kalian temukan dimana”.

“Tadi téh kami menemukannya diangkot” témbal kuring deui.

“ bagus, bagus kalin memang anak yang baik, tunggu sebentar ya, saya akan carikan alamatna”.

“mangga téh, mangga”. Ceuk kuring. Teu lila torojol manéhna mawa kertas.

“nih sudah saya tuliskan alamatna, sekaligus saya ganti dengan amplop yang baru”.

“ aduh terimakasih pisan Étéh, kalau begitu kami permisi dulu, mari.”

Kuring indit deui, nyegat angkot deui teu kacaritakeun deui di jalanna, caritana kuring geus turun, geus aya di pas hareupeun gapura konéng, jelas pisan dina keretas “Rt05/02 no 38” alamat si étéh téa, ku kuring dijugjug ka imahna, pas neupi kasampak imahna rada caraang, paké lampu nu lima wat rada mencrong kana panon, malah kuring ogé jadi molotot mata simeuteun. Pas dina tangkal jambu aér aya bandéra warna koéng anu dijieunna dina kertas ajit. Na hate kuring ngajerit, duh gusti palias teuing, geuning pondok lakon hirup manusa, geuning pondok lakon hirup si Étéh téh, duh hampura kuring, hampura kuring gusti, hampura kuring nu salila ieu sok notolérkeun waktu.

“Éb..bener geuing, jodo, pati bagja jeung cilaka anging pangéran anu uninga, kudi kumaha ayeuna urang éb?”

“kudu ngaca, urang téh kudu ngaca kana kahirupan jeung kudu maca ogé. Jadi kudu pinter maca, mun hayang pinter kudu sakola, sakolakeun awak manéh”

Jawab si Suéb

Teu dikira geuning ari keur sarius mah si Suéb téh sok jadi jiga kolot.

Kuring ngagandeuang bari humandeuar nuju ka hiji warung.

“bu, leres pami éta téh bumina bu Susan?”

“leres cép, mung tadi téh nembé dongkap ti dokter saurna mah, teras hoyong leleson, mung teu kanyahoan tos pupus. Nya ngantunkeun hiji putra panginten”

“oh hatur nuhun bu”

“aya naon kitu cép”

“ieu ibu manawi kaanggo kénéh, seratna nu kakantun”

Kuring ngasongkeun surat tuluy waé indit bari carinakdak.

dicandak ti: nunu24.blog.com

————
cikalna


Kamus Chinese - Sundanese/ China - Sunda

ehm, heureuy heula yeuh sakedapmah, bade diajar Basa china?


A Lung Keun (dibalangkeun)
Am (dahar)
An Jing (gogog)
Ba Chang (leupeut eusi daging)
Ba Bah (bapa)
Ba Ghong (sok diadukeun jeung gogog)
Ba Le Dog (ah ieu mah basa inggris meureun?)
Ba Thok (bagian anu paling teuas dina kalapa)
Bho Tak (teu gagaduhan rambut)
Bho Bho Kho (wadah kejo)
Bho Lo Ho (bodo)
Bho Rho Bho Rho (sagala euweuh)
Bho Rho Kho Khok (mitoha nu ngajakan pasea bae)
Cha Bok (gaplok)
Cha Lang Ngap (tong dibuka bau….?)
Cha Pe Tank (budak leutik karak bisa ngomong)
Cha Rang Cang Ti Hang (wanci isuk)
Cha U (kadaharan monyet)
Chai Baw (anu aya di solokan)
Chak Chak (dulurna toke)
Chan A Pal (belet)
Chan A Ya (inden, antri)
Chan Da Har (lapar euy)
Chan Man Die (bau dahdir)
Chang Ka Leng (caruluk)
Chang Kang Chaw (parab embe)
Chang Ke Nyer (loba teuing gawe peuting)
Chang Kok Khan (bibit mangga)
Chang Ku Du (buah bau pisan)
Chang Ku Ri Leung (manuk)
Chap Ja He (koret, medit)
Chi Bha Du Yut (pabrik sapatu)
Chi Cing (kurang gaul)
Chi Ham Phelas (tempat jin meuli calana)
Chi Ka Dut (kuburan cina)
Chi Kie Ih (ceuk beja mah bisa dipake ubar nyeri panon)
Chi Ki Zing (ngaran desa/kota di Majalengka)
Chi Leu Peung (belegug)
Chi Leuh (tai panon, belek)
Chi Leun Cang (cair kotor, disisi jalan ari tos hujan ageung )
Chi Lok (kadaharan budak : aci dicolok)
Chi Ma Hi (ngaran kota deukeut Bandung)
Chi Reng ( kadaharan budak : aci digoreng)
Chi U (leupeut tina aci jeung cau)
Chi Ng Chang Chang (ngadat bae)
Chi Ng Chang Ke Ling (lagu)
Chi Ng Chung (guru nanya)
Cho Bian (gratis)
Cho Kor Baw (robok)
Cho Le Nak (katuangan, peuyeum dibubuy sareng gula kinca )
Chu Ra Ling (sipat licik)
Chu Ru Luk (buah kawung)
Eng Ing Eng (rek dimulai)
Eng Ghal Kheun (teu sabaran)
Fu Lus (kabeh ge butuh)
Gho Ong (kudu ditakol)
Ghong Li (ceunah mah nu sok ngajualan daging atah)
Heu Ay (tunduh)
Hok Cay (molohok bari ngacay)
Hu I (Cilembu)
Ie Lhi Khan (tempoan)
Jhu Rha Gan (loba pakayana)
Jhu Rig (nu geus maot teu ikhlas)
Kho Phe Ah (wadah hulu)
Kho Lho Moh (asup kabeh)
Khi Rhi Pik (tina sampeu)
Kyu Kyu (judi)
Lha Uk Hiu (dulurna paus)
Lha Hang (cai aren)
Le Nang (leuwih naker tibatan botak)
Lie Eur (keur nu loba hutang)
Ling Lung (teu nyaho jalan)
Liang Cheu Lie Baw (panyakit THT)
Lho Thek Hu I (aing ge beuki)
Ma Ling Ping (ngaran desa/ kota di Banten)
Ma Ung (lanceukna ucing)
Mo Yok Khan (pipaseaeun)
Nang Thang (ngajak gelut)
Nga Cay (ngelay: banjir tina baham)
Nge Lay (biasana lamun keur sare)
Nyi Chian Pochi (pagewean babu)
O Lol Le Ho (leutik keneh ; keur gering salesma )
Ong Kek (keur nyiram, utah)
On To Hod (pikakeuheuleun) <—pedit oge hehe
On Tha (ngaran sato di Arab)
Pa Hang (rasana aneh)
Phe Chak (panonna peureum sabelah)
Peu Chang (leupeut eusi kacang; sato nu sukuna opat)
Pha Ming Pin (dunungan)
Pho Ho Bha Lik (boga deui nu ngora)
Ping Ping (luhureun tuur, handapeun eta tea… )
Rhu Rhu Su Han (bisi teu kaburu)
Rho Rom Phok (tempat balik)
Siang Siang Ma Ling Seng (euweuh gawe, beurang2 maling )
Sing Sing Keun (kabanjiran atawa rek pacho)
Taw Cho (oleh-oleh ti lembur kuring ieu mah )
Tham Pi Ling (gablok )
Tham Po Long (wadah reuhak)
Tho Lom Bong (wadah oge)
To Ong (ningali tina liang leutik)
Toke Chang (lagu oge)
Tong Hi Lap (kudu inget)
Tong Li La (burukeun)
Tong To Lang (nangka - kawinan bapak - teu beja2 -poe salasa… )
Tu Ang (ngalebok)
Tung Tung Seng (seukeut pisan)
U Ching (adina maung)
Yap La Hun (budak ceurik)
Yap Mie Lhu (rek milu?)

dipaok ti: danyafara.multiply.com
tos lami teu heurey didieu yeuh hehe.


Ayat - Ayat AL-Qur'an jeung Kromosom/ Awak manusa

Hiji ilmuwan anu sahébat Gallileo, Newton sarta Einstein anu junun ngabuktikeun ngeunaan kakaitan ngenaan Alquran sarta rancang struktur awak manusa nyaéta Dr. Ahmad Khan. Manéhna nyaéta lulusan Summa Cumlaude ti Duke University. Sanajan manéhna ilmuwan ngora anu tengah menanjak, katémbong asihna ngan pikeun Alloh sarta pikeun panalungtikan genetiknya. Ruang gawéna anu dipapaésan kaligrafi, kertas-kertas pangajén, tumpukan buku-buku kumal sarta kitab suci anu mindeng dibukanya, némbongkeun yén manéhna mangrupa kombinasi ti ilmuwan sarta para nu mikacinta kitab suci.

Salah sahiji penemuananateh anu menggemparkan dunya élmu pangaweruh nyaéta kapanggihna informasi séjén sajaba konstruksi Polipeptida anu diwangun ti kodon DNA. Ayat kahiji anu nyorong panalungtikanana nyaéta Surat “Fussilat” ayat 53 anu ogé dikuatkan kalawan hasil-hasil penemuan Profesor Keith Moore ahli embriologi ti Kanada. Paenemuanana teh kasebut diilhaman sabot Khatib dina waktu solat Jumaah ngabacakeun salah sahiji ayat anu aya kaitanana jeung élmu biologi. Sada ayat kasebut nyaéta minangka katut: “…Sanuriihim ayatinaa filafaaqi wa fi anfusihim hatta yatabayyana lahum annahu ul-haqq…” Anu hartina; Saterusna baris Kami tunjukkeun tanda-tanda kakawasaan kami dina alam sarta dina diri maranéhanana, nepi ka écés pikeun maranéhanana yén ieu téh kebenaran”.

Hipotesis mimiti anu diajukan Dr. Ahmad Khan nyaéta kecap “ayatinaa” anu ngabogaan harti “Ayat Alloh”, dijelaskeun ku Alloh yén tanda-tanda kakawasaanana aya ogé dina diri manusa. Nurutkeun Ahmad Khan ayat-ayat Alloh aya ogé dina DNA (Deoxy Nucleotida Acid) manusa. Saterusna manéhna beranggapan yén jigana ayat Alquran mangrupa bagian ti gen manusa. Dina dunya biologi sarta genetika dipikawanoh lobana DNA anu hadir tanpa mroduksi protein sarua pisan. Wewengkon tanpa produksi ieu disebut Junk DNA atawa DNA runtah. Kanyataanana DNA kasebut nurutkeun Ahmad Khan laér sakali ti harti runtah. Nurutkeun hasil hasil risetnya, Junk DNA kasebut mangrupa untaian firman-firman Alloh minangka panyipta sarta minangka tanda kaagungan Alloh pikeun kaum anu mikir. Sakumaha disindir ku Alloh; Afala tafakaruun (naha maranéh henteu daék bertafakur atawa ngagunakeun uteuk pikiran?).

Sanggeus migawé bareng kalawan adina anu ngaranna Imran, saurang anu ahli dina analisis sistem, laboratorium genetiknya meunangkeun proyek ti pamaréntah. Proyek kasebut mimitina ditujukan pikeun nalungtik gen kecerdasan dina manusa. Kalawan gawé teuasna Ahmad Khan narékahan pikeun manggihan hurup Arab anu meureun dijieun ti rantai Kodon dina cromosome manusa. Nepi ka kombinasi kasebut ngahasilkeun ayat-ayat Alquran. Ahirna dina tanggal 2 Januari warsih 1999 jam 2 isuk-isuk, manéhna manggihan ayat anu kahiji “Bismillahir Rahman ir Rahiim. Iqra bismirrabbika ladzi Khalq”; “bacalah kalawan ngaran Pangéran anjeun anu nyiptakeun”. Ayat kasebut nyaéta mimiti ti surat Al-a’laq anu mangrupa surat kahiji anu diturunkeun Alloh ka Nabi Muhammad di Gua Hira. Ahéngna sanggeus penemuan ayat kahiji kasebut ayat séjén mecenghul hiji persatu sacara gancang. Nepi ka ayeuna manéhna geus junun manggihan 1/10 ayat Alquran.

Dina wawancara anu dikutip “Ummi” édisi 6/X/99, Ahmad Khan nyatakeun: “Kuring yakin penemuan ieu rongkah, sarta kuring nandonkeun karier kuring pikeun ieu. Kuring ngomongkeun penemuan kuring jeung dua batur kuring; Clive sarta Martin saurang ahli genetika anu salila ieu sinis ka Islam. Kuring nyuratan dua ilmuwan séjén anu salila ieu sok alergi ka Islam nyaéta Sarta Larhammar ti Uppsala University Swedia sarta Aris Dreisman ti Universitas Berlin.

Ahmad Khan saterusna ngahimpun hasil pamanggihanana dina sawatara lembar kertas anu réa memuat kode-kode genetika rantai kodon dina cromosome manusa nyaéta; T, C, G, sarta A unggal kode Nucleotida baris ngahasilkeun hurup Arab anu lamun dirangkai baris jadi firman Alloh anu pohara matak hélok.

Di ahir wawancarana Dr. Ahmad Khan nalatahan “Muga penerbitan buku kuring “Alquran sarta Genetik”, beuki menyadarkan umat Islam, yén Islam nyaéta jalan hirup anu pepek. Urang henteu bisa deui misahkeun ageman ti élmu pulitik, atikan atawa seni. Muga non muslim nyadar yén euweuh gunana ngaributkeun élmu jeung ageman. Kitu ogé kalawan élmu-élmu keperawatan. Nu nulis ngaharepkeun baris datang hiji generasi anu neuleuman prinsip-prinsip élmu keperawatan anu digali ti ageman Islam. Hal ieu bisa dimimitian ti niat boh para pemegang kawijakan (decission maker) anu ngagem agama Islam boh di institusi atikan boh dina level pamaréntah. Masilitasan sarta mikeun pangrojong sacara moral sarta finansial alias biaya.

Kabukana tabir haté ahli Farmakologi Thailand

Profesor Tajaten Tahasen, Dekan Fakultas Farmasi Universitas Chiang Mai Thailand , anyar-anyar ieu nyatakeun diri asup Islam waktu maca makalah Profesor Keith Moore ti Amérika. Keith Moore nyaéta ahli Embriologi terkemuka ti Kanada anu nyutat surat An-nisa ayat 56 anu ngécéskeun yén tatu beuleum anu cukup dina henteu ngabalukarkeun gering alatan tungtung-tungtung syaraf sensorik geus leungit. Sanggeus balik ka Thailand Tajaten ngécéskeun penemuannya ka mahasiswana, ahirna mahasiswana saloba 5 jelema nyatakeun diri asup Islam.

Sada ti surat An-nisa kasebut antara séjén minangka berkut; “Saéstuna jalma-jalma kafir ka ayat-ayat kami, jaga baris kami masukkan maranéhanana ka dina naraka, unggal kulit maranéhanana kabeuleum hangus, kami ganti kulit maranéhanana jeung kulit anu séjén ambéh maranéhanana ngarasakeun peurihna azab. Saéstuna Alloh Maha Perkasa deui Maha Wijaksana.”

Ditinjau sacara anatomi lapisan kulit urang diwangun luhur 3 lapisan global nyaéta; Epidermis, Dermis, sarta Sub Cutis. Dina lapisan Sub Cutis réa ngandung tungtung-tungtung pambuluh getih sarta syaraf. Dina waktu lumangsung Combustio grade III (tatu beuleum anu geus nembus sub cutis) salah sahiji tandana nyaéta leungitna rasa nyeri ti pasien. Hal ieu disebabkan alatan geus henteu boga fungsina tungtung-tungtung serabut syaraf afferent sarta efferent anu ngatur sensasi persefsi. Éta pisan sababna Alloh numuwuhkeun balik kulit anu garah dina waktu manéhna menyiksa hambana anu kafir sangkan hambana kasebut bisa ngarasakeun peurihna azab Alloh kasebut. Mahabesar Alloh anu geus menyisipkan firman-firmannya sarta informasi sawaréh kebesarannya liwat sél awak, kromosom, pambuluh getih, pembuluh syaraf Jst. Rabbana makhalqta hada batila, Enya…Alloh euweuh saeutik ogé anu engkau ciptakan éta sia-sia.

Ti bahtera nuju Islam

Saurang pakar kelautan nyatakeun betapa terpesonanya manéhna ka Alquran anu geus mikeun jawaban ti panéanganana salila ieu. Prof. Jackues Yves Costeau saurang oceanografer, anu mindeng mecenghul di télévisi dina acara Discovey, sabot keur menyelam manggihan sawatara cinyusu tawar di tengah jejero lautan. Cinyusu kasebut béda kadar kimia, kelir sarta rasana sarta henteu galo jeung cai laut anu séjénna. Mangtaun-taun manéhna usaha ngayakeun panalungtikan sarta néangan jawaban misteri kasebut. Nepi ka hiji poé papanggih jeung saurang profesor muslim, saterusna manéhna ngécéskeun ngeunaan ayat Alquran Surat Ar-rahman ayat 19-20 sarta surat Al-furqon ayat 53. Mimitina ayat éta ditapsirkeun muara walungan tapi dina muara walungan tétéla henteu kapanggih mutiara. Terpesonalah Mr. Costeau nepi ka manéhna asup Islam. Kutipan ayat kasebut antara séjén minangka katut:

Sarta Manéhna anu ngantep dua laut ngocor (babareungan, anu ieu tawar deui seger sarta anu séjén asin deui pait; sarta Manéhna jadikan antar-keduanya dinding sarta wates anu ngahalangan (QS Al-furqon: 53).

Dumasar conto kasus di luhur, bisa mikeun gambaran dina urang yén ayat suci Alquran sanggup ngécéskeun fenomena Cromosome, Anatomi, Oceanografi, Keperawatan sarta antariksa (maca “Jurnal Keperawatan Unpad” édisi 4, hal 64-70). Sabenerna réa kénéh ayat- ayat Alquran anu ngajelaskeun fenomena evolution and genetic kawas QS As-sajdah 4, QS al-a’raf 53, QS Yusuf 3, QS Hud 7, tapi alatan keterbatasan rohangan dina lajur ieu, sarta kalawan sagala keterbatasan élmu sarta pangaweruh anu dipiboga nu nulis, mangka ka Alloh jualah hadéna urang ngaharepkeun sarta ngan Allah-lah anu Mahaluas sarta Mahatinggi élmuna.

Wallahu a’lam bisawab.***


Pahlawan Sunda: Déwi Sartika

Déwi Sartika (Bandung, 4 Désémber 1884 -
Tasikmalaya, 11 Séptémber 1947
), inohong Sunda dina widang atikan jeung
kabinangkitan kaom istri. Diaku salaku Pahlawan Nasional ku Pamaréntah RI taun
1966.



Babad salira
Déwi Sartika lahir ti kulawarga ménak Sunda, Nyi Radén Rajapermas jeung Radén Somanagara. Najan ngarempak adat kabaheulaan, ramana keukeuh nyakolakeun Déwi Sartika, malah ka sakola Walanda pisan. Sapupus ramana, Déwi Sartika dirorok ku uwana (lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicaléngka. Ti uwama anjeunna meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan Kulon beunang pangwuruk istri Asistén Résidén.

Bakat pangatik
Ti leuleutik, Déwi Sartika geus némbongkeun bakat pangatik jeung kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan, anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa Walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung pangebon kapatihan. Minangka borna, nyaéta papan bilik kandang karéta, nulis maké areng, sabakna sesemplékan kenténg.

Harita téh ukur Déwi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicaléngka geunjleung alatan barudak badéga kapatihan barisaeun baca tulis jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman harita mah teu loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang ngajar budak awéwé.

Mangkat rumaja
Nalika geus rumaja, Déwi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung. Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana ngawujudkeun angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna, Bupati Martanagara, pamanna pituin, nu mémang boga kereteg nu sarua. Ngan, pamanna teu kitu baé bisa ngawujudkeun kahayang alona, sabab adat jaman harita nganggap awéwé teu perlu sakola, cukup ku bisa migawé naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.

Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Déwi Sartika bisa ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.

Nikah
Taun 1906, Déwi Sartika nikah ka Radén Agah Suriawinata, saurang nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di Sakola Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.

Ngadegkeun sakola
Tanggal 16 Januari 1904, Déwi Sartika muka Sakola Istri munggaran sa-Indonésia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang, migunakeun rohangan pandopo kabupatén Bandung.

Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, sahingga merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun 1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yén awéwé taya bédana jeung lalaki, bisa nampa pangajaran modél Kulon. Taun 1910, sakolana diropéa migunakeun harta banda pribadina sahingga bisa nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.

Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri Sunda nu saangen-angen jeung Déwi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan Sakola Istri di kota-kota kabupatén (satengahna ti julmah kota kabupatén sa-Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914, ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota kabupatén Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan Istri kari tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka Bukittinggi, Sakola Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Saléh. Tatar Sunda kakara lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di unggal kota kabupatén dina taun 1920, katambah ku sababaraha nu ngadeg di kota kawadanaan.

Bulan Séptémber 1929, Déwi Sartika nyieun pangéling-ngéling sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran jadi “Sakola Radén Déwi”. Kana giatna dina ngamajukeun rahayat, utamana kaom istri, Déwi Sartika diganjar bintang jasa ku pamaréntah Hindia-Walanda.

dicandak ti Wikipédia, énsiklopédi bébas
cagg ah


Sajak sunda: Ngan Bisa Nyengruk Cimata

Kamana atuh neangna….
Hate nu geus palid, lila ngaleungit
Panon poe nu caang ge teu bisa ninggali deui
Kanyaah nu baheula sagunung ge geus taya tapakna

Lamun baheula titincakan…
Lamun kamari Lalampahan…
Lamun kamari Kanyaahna teu dipiceun kitu bae
Moal kieu meureun hirupteh

Dinu Hatena kuring aya
Tapi dinu hate kuring duka teuing aya manehna atawa heunteu

Tapi deuih ayeuna ngabalik rasa geuning
Kanyerimah teu beunang disumputkeun



Bandung aing

kuring urang sunda, eunya ge sangsara tapi kuring mibangga ka sunda…goreng - goreng ge kuring di lahirkeun ditanah sunda alias di bandung tea, hayaang pisan jadi jelema nu bisa dipibangga atawa saeutikna boga jasa ka Bandung. tapi nya
kitu tea, bisa naon kuring, tapi mudah mudahan ku alatan ngadameul ieu blog teh
“sanajan pribadi”….susuganan budaya urang sunda teh jadi rada maju.

Di handap ieu aya sakeudik ulasan anu ngabahas kota bandung anu (dicutat tina
wikipedia), kota Anu silih asah silih asih silih asuh :
Bandung

Motto : Gemah Ripah Wibawa MuktiSunda: “Tanah Subur Rayat Makmur”
Propinsi : Jawa Barat
Ibukota : Bandung

Lega Wilayah :167,67 km²

Situs web resmi: http://www.bandung.go.id/

Bandung (Éjahan Basa Indonesia heubeul: Bandoeng) mangrupakeun ibukota propinsi Jawa Barat, Indonésia. Aya di dataran luhur plateau 768 meter (mean sea level) di saluhureun laut, di daérah kaler luhurna nya eta ±1050 msl, di beulah kidul luhurna nyaéta ±675 msl, ti kordinat 107° BW (Bujur Wétan) jeung 6° 55’ LK (Lintang Kidul), legana kota Bandung kurang leuwih 16.767 héktar, dikuliringan ku pagunungan, jadi mangrupakeun cekungan (Bandung Basin), jumlah pangeusina kurang leuwih 2.1 yuta jiwa. Kabupatén Bandung mangrupakeun daérah “suburban” sakuriling Kota Bandung.

Sajarah

Taun 1488, wewengkon nu kiwari disebut Bandung téh mangrupakeun wewengkon kakawasaan karajaan Sunda-Pajajaran. Dina mangsa dijajah Walanda, pamaréntah kolonial Hindia-Walanda ngawangun jalan nu nyambungkeun Batavia (kiwari Jakarta), Bogor, Cianjur, Bandung, Sumedang, jeung Cirebon. Hal ieu penting pikeun tumuwuhna Bandung. Malah pamaréntah jajahan geus ngarencanakeun yén wewengkon Bandung téh rék dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia-Walanda, ngan teu jadi alatan kajadian Perang Dunya II.
Can katalungtik kumaha diwangunna kota Bandung. Nu jelas, kota ieu diwangun lain dumasar paréntah Daendels (gubernur jéndral Hindia-Walanda). Kota Bandung diwangun dumasar paréntah Bupati R.A.A. Wiranatakusumah II.
Sanggeus Indonesia mardika, Bandung jadi ibukota propinsi Jawa Barat.
Di handap ieu dibéréndélkeun nu kungsi jadi pamingpin kota Bandung (walikota):

E.A. Maurenbrecher (1906-1907)
R.E. Krijboom (1907-1908)
J.A. van Der Ent (1909-1910)
J.J. Verwijk (1910-1912)
C.C.B. van Vlenier (1912-1913) and B. van Bijveld (1913-1920)
B. Coops (1920-1921)
S.A. Reitsma (1921-1928)
B. Coops (1928-1934)
Ir. J.E.A. van Volsogen Kuhr (1934-1936)
Mr. J.M. Wesselink (1936-1942)
N. Beets (1942-1945)
R.A. Atmadinata (1945-1946)
R. Siamsurizal
Ir. Ukar Bratakusumah (1946-1949)
R. Enoch (1949-1956)
R. Priatna Kusumah (1956-1966)
R. Didi Jukardi (1966-1968)
Hidayat Sukarmadijaya (1968-1971)
R. Otje Djundjunan (1971-1976)
H. Ucu Junaedi (1976-1978)
R. Husein Wangsaatnaja (1978-1983)
H. Ateng Wahyudi (1983-1993)
Wahyu Hamidjaja (1993-1998)
Aa Tarmana (1998-2004)
H. Dada Rosada, SH,MSi (2004-kiwari)

Motto
Motto Bandung kiwari unina “Gemah Ripah Wibawa Mukti”, sakumaha nu sok kabaca dina lambang Kota Bandung, nu hartina ‘tanah subur rahayat makmur’.

Pamaréntahan
Kota Bandung dibagi kana 26 kacamatan:
Sukasari
Cidadap
Coblong
Cibeunying Kalér
Cibeunying Kidul
Sukajadi
Cicéndo
Andir
Bandung Kulon
Babakan Ciparay
Astana Anyar
Bojongloa Kalér
Bojongloa Kidul
Bandung Kidul
Régol
Léngkong
Sumur Bandung
Bandung Wétan
Kiara Condong
Batununggal
Cicadas
Margacinta
Rancasari
Arcamanik
Ujungberung
Cibiru

Ciri lemah
Bandung kawentar ku lobana wangunan warisan arsitéktur Walanda:
Gedong Saté, kiwari dipaké salaku kantor Gubernur Jawa Kulon.
Hotél Savoy Homann di Jalan Asia-Afrika
Gedung Dwi Warna
Gedung Merdéka, wangunan historis tempat lumangsungna Konferénsi Asia Afrika taun 1955
Gedung Pakuan, kiwari dipaké rumah dines Gubernur Jawa Kulon
Gedung Yayasan Pusat Kebudayaan
Museum Géologi Bandung
Gedung UPI (Villa Isola)
sababaraha wangunan heubeul di Jalan Braga
Ciri séjén:
Masjid Agung Bandung, di alun-alun Bandung
Babakan Siliwangi

Transportasi
Sarana transportasi utama di Bandung nyaéta angkot (angkutan kota) kalayan rute-rute anu geus tinamtu. Aya ogé taksi anu jumlahna henteu pati loba, tapi éta oge henteu populér. Beus nyadiakeun rute transportasi pikeun di jalan gedé tur jarakna anu jauh.
Jalan karéta api ngahubungkeun Bandung ka Jakarta jeung Cianjur ka beulah kulonna, sarta Tasikmalaya jeung Cilacap ka beulah wétanna. Karéta ogé mangrupakeun transportasi utama pikeun wilayah tatangga kaasup Cimahi, Padalarang, Rancaekek jeung Cileunyi nu perlu bulak-balik ka Bandung unggal poéna.
Bandara utama di Bandung nyaéta Husein Sastranegara, nyadiakeun penerbangan ka kota gedé-kota gedé di Indonésia.
Sasak Pasupati diwangun pikeun ngahubungkeun beulah kalér jeung beulah kidul Bandung ngaliwatan lembah Cikapundung. Panjangna 2.8 km kalayan lébar 30-60 meter.
Jalan tol Padaleunyi ngahubungkeun Padalarang, Cimahi, beulah kidul Bandung jeung Cileunyi. Jalan tol nu ngahubungkun Padalarang jeung Purwakarta oge geus bérés diwangun, disebut Cipularang (Cikampek-Purwakarta-Padalarang) nu mangrupakeun jalan panggancangna nuju ka Jakarta. Jalan tol Cileunyi-Sumedang-Cirebon ogé geus direncanakeun pikeun diwangun.

Atikan
Di Kota Bandung loba tempat pendidikan nu geus kasohor ku urang balarea diantarana nyaéta :
Institut Teknologi Bandung
Institut Teknologi Nasional
Institut Teknologi Adityawarman
Universitas Padjadjaran
Universitas Pendidikan Indonesia
Universitas Agama Islam Negeri Sunan Gunung Djati
Universitas Pasundan
Universitas Komputer Indonesia
Universitas Katolik Parahyangan
Universitas Islam Nusantara
Universitas Kristen Maranatha
Universitas Islam Bandung
Universitas Advent Indonesia
Universitas Langlangbuana
Universitas Bandung Raya
Universitas Jendral Achmad Yani
Universitas Winaya Mukti
Universitas Nurtanio Bandung
Universitas Widyatama
Sekolah Tinggi Manajemen Informatika & Komputer Likmi
Sekolah Tinggi Pemerintahan Dalam Negeri
Sekolah Tinggi Teknologi Telkom
Sekolah Tinggi Pariwisata (NHI)
Sekolah Tinggi Pariwisata AKTRIPA
Sekolah Tinggi Manajemen Bisnis Telkom
Sekolah Tinggi Tekstil
Politeknik Manufaktur Bandung (PMS - ITB)
Politeknik Negeri Bandung
Ditambih deui sakola SMU negeri sareng swasta nu janten favorit di Bandung nyaéta:
SMU Negeri 3 Bandung
SMU Negeri 5 Bandung
SMU St. Aloysius Bandung
aya oge SMK MUTIARA SANDI NU CINEUKNATEH DI BALEENDAH

Wisata jeung Ékonomi
Bandung jeung sabudeureunnana mibanda atraksi wisata nu réa, diantarana:
Gunung Tangkuban Parahu di beulah kaléreun kota.
Maribaya
Lémbang
Waduk Jatiluhur (di Kabupatén Purwakarta)
Saung Pak Udjo
Bandung oge kasohor ku outlet pakéannana, nu narik pangunjung ti kota-kota sabudeureunnana (hususna ti Jakarta), utamana nalika ahir minggu jeung poéan peré:
Outlet industri pakéan Denim di sapanjang Jalan Cihampelas
Kiwari, kasohor minangka “Kota Wisata Balanja”, sabab loba Factory Outlet nu ngajual produk garmén ex-export.
Bandung oge kasohor ku industri garménna, produk nu teu kaékspor dijula kalawan harga anu leuwih murah di factory outlet di Bandung, hususna di Jalan Ir. H. Juanda (Dago) jeung Jalan R.E. Martadinata (Riau)
Aya ogé industri sapatu di Cibaduyut, beulah kidul Bandung.
Loba kadaharan di Bandung. Bandung ogé kasohor ku dahareun hasna, saperti peuyeum.
Bandung narik loba wisatawan ti Jakarta, nu kadang-kadang nyababkeun kamacétan lalu- lintas. Pangpangna nalika askabeh warga Jakarta keur liburan alatan APEC Convention, lalu-lintas di Bandung macét total leuwih ti 8 jam.

Olah raga
Bandung mangrupakeun kota tempat nganjrekna tim maén bal Persib Bandung. Tim maén bal Persikab Bandung nganjrek di tatangga kotana Cimahi sanajan nyandang ngaran ‘Bandung’ ogé. Aya ogé tim maén bal séjénna kalayan bobotoh nu leuwih saeutik saperti Bandung Raya. Stadion pangkasohorna nyaéta Stadion Siliwangi.
Olah raga kasohor lianna di Bandung diantarana Bulu tangkis jeung Bal Karanjang.

Nuhun ah, hapunteun pami aya kakirangan
tiasa dipilari nu leuwih ecesna di http://sundajava.blogspot.com/search/label/Info%20Bandung


Ngangge Gelar haji, pikeun ibadah atawa riya?

Umat Islam umum na nu aya di Indonesia pami tos ngalaksanakeun Rukun Islam nu ka 5 nyaeta Ibadah Haji, samisalkeun Kang haji blabla, atanapi ibu hajjah blablabla, komo aya sabagean jalmi nu ngahajakeun nambihan embel- embel haji di payuneun namina pikeun dinu tulisan dokumen, serat-serat nu penting jeung sajabana, di tuturkeun ku alesan diantawisna aya nu ngaku etateh kanggo syiar, supados batur kabita, aya oge nu nyarios kumargi Ibadah haji the nyaeta ibadah nu badag pisan hartina, kumargi teu sakeudik biaya nu kedah di kaluarkeunteh. Atanapi kawitanana kapungkur di hiji desa atanapi pakampungan pikeun warganateh langka pisan nu tiasa ngalaksanakeun ibadah haji the, da nya kitu tea kualatan Ekonomi nu pas-pasan, tah kumatakna aranjeuna teh janteun kabiasaan kecap dinu letahna nyebatkeun nami sahiji warga nu paratos ngalaksanakeun ibadah haji teh di saeungan ku Haji/ hajjah ngarah gampil teurangna.

Padahal da ibadah haji the teu aya benteunna sareung ibadah-ibadah sanes ciga Solat, syahadat, jakat, puasa….malihanmah etateh di simpeeun ku aLLoh the dinu urutan nu kalima atanapi nu pang tungtungna, kumargi etamah hukumna janteun wajibteh atanapi keudah dicumponan upami ibadah-ibadah nu sanes tos sae sareung ngan pikeun jalmi nu mampu wungkul.
Ayapon Rasululloh/ kanjeung nabi Muhammad SAW. nganggo gelar Haji ?

Naha pernah anjeun ngadangu sahabat ngagunakeun gelar haji (misalna :Haji Nabi Muhammad SAW. atawa para sahabatnya Haji Umar Bin Khotob; Haji Abu Bakar; Haji Usman Bin Afan; Haji Ali Bin Abitholib), padahal anjeuna tos sababaraha kali ngalaksanakeun rukun islam nu kalima eta teh!.



Janteun meunding ge urang nuturkeun conto Rosulullah sareung para sahabatna anu mana anjeuna tu pernah nganggo embel-embel gelar haji dinu rangkaian namina.
Mudah mudahan atuh urang the kasorangkeun nyumponan Ibadah Haji, bari di bareungan ku kaimanan, sareung mudah-mudahan teu di sareungan ku rasa nu kaleuleuwihan nu matak tiasa nimbulkeun sifat ti ning Ria, sareung tiasa ngalaksanakeun ibadah haji anu mabrur…sareung teu nyalimpang tinu tujuan urang pikeun ngadeukeutkeun hate mung Ka Allah anu hiji. Amiiin.

hapunteun pami cariosan ngacapruk di luhur teh rada teu raos kanu manah, ngan saukur lilinduran etamah hehe….
Nuhun ah, cag atuh!



Sasalaman sarengse Solat Berjamaah?

Di masjid-masjid atanapi di mushola jamaah di Indonesia the sok katinggal
salalaman saparantos solat, padahal etateh sanes sabahagian Ibadah anu di
wajibkeun ku Alloh SWT.
Anu dicontokeun ku Rosululloh mah upami salah sahiji jalmi parantos rengse solat nyaeta maca Wirid/dzikir, diantaranya Subkhanallah, Alhamdulillah, Allahu Akbar. Janteun upami aya jamaah sanes nu parantos ngalksanakeun solat teuras ngajak sasalaman saleureusnamah etateh janteun ngaganggu jamaah nu nuju khusyuk ibadah/ ngobrol sareung Allah, kapan Dzikir/ Wiridan the kaasup keneh kana kaayaan ibadah nu masih dipayuneun Allah.

Naha panteus upami urangmotong hiji jamaah nu nuju khusyuk curhat sareung Allah dipotong ku ajakan pikeun sasalaman?
Leuwih penting mana atuh pikeun miheulakeun Ibadah ka Allah atanapi miheulakeun Ngahormat jamaah sanes?

Sabda Ibnu Hajar “Naon-naon nu dipigawe ku manusa mangrupikeun sasalaman
saeunggeus manehna solat nyaeta salah sahiji nu teu dipikareuseup ku Allah, teu
aya landasanana dina syae’at Islam.”


Jeung Perlu pisan Diingeutkeun Lamun teu kengeng pikeun hiji Jalma Muslim mutuskeun Dzikir dulurna anu muslim kajaba ning kusabab alesan syar’i. Tapi nya kitu tea sanes kaasup Hikmah lamun urang nolak sasalaman/ silaturahmi sareung hiji panangan nu parantos di asrogkeun ka urang, Kusabab etateh mangrupakeun sikapnu kasar “teu kaasup kanu adab pikeun Hablum minanas”. Tapi sok candak panangan ku lemah lembut sareung jeulaskeun kaanjeuna kebid’ahan sasalaman ieu the ngan saukur di aya ayakeun kumanusa wungkul –teu leuwih-.

Naha teu leuwih hade lamun sasalaman the di ayakeun pas urang parantos rengse Wiridan/ Dzikir ka manteuna?

Punteun upami aya cariosan nu rada teu mernah, da ngan saukur ngacapruk hehe
cag ah


Ngobrol heurey janteun Mikir

Hiji mangsa Liez chatting sareung hiji pameugeut nu tos tereh bade nikah, urang
teh ngadiskusikeun hiji pakara….Nu ngenaan rumah tangga, dinu waktu eta teh
kaleresan aya hiji ustadz nu nuju rame2na di gosipkeun di TV2 sareung
infotainment hehe, kirang langkung petikanana teh ciga dihandap ieu.

A Man: Assalamu’alaikum Liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Waaliakumusallam kang
A man: Wilujeung enjing, kumaha damang?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: wilujeung enjing oge….Alhamdulillah sae, kumaha sawalerna?
A man: Sae oge Liez sanajan rada panas lah didieu the
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Naha beut panas…sidikeun tiris didieumah, kapan dilautmah tiris atuh?
A man: Sumuhun Liez diluarmah panas, tapi atuh da ari di dapur kapalmah panas…ku Oven, jabaning AC-na kaleresan nuju rusak hehe
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: ooo kitunya kang…hmmm karunya teuing
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: eh kang kumaha janteun uih teh?
A man: InsyaALlah janteun Liez enjing
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: alah sepi atuhnya Liez didieu, ulah janteun we atuh kang hehe!
A man: Nya kumaha atuh Liez da saleresnamah akang ge betah keneh didieu teh.., atuh da masa kontrakna atosan.
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: hmm pami ke tos diditu tong hilapnya ka simkuring, dameul naon atuh engke kang pami tos kaluar tidinya?
A man: jualna anggur liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: eleuh anggur?….maksadna wine? Dimana kang? Atanap anggur buah?
A man: hehe sanes Liez, maksadnateh nganggur .o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: euh dasar…suganteh
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Kang salam we atuhnya kanggo kulawarga sareung tetehna hehe
A man: InsyaALlah Liez….o enya Liez kumaha tah tanggapan Liez ka Aa gym nu nuju rame teh?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Muhun kang meuni asa reuwas pisan ngadangu eta kabar teh, asa teu percanteun….hoyong nangis da kuciwa tea
A man: Naha Liez?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Nya muhun atuh…rada sedil da sidik anjeunateh meuni tega pisan ka teh Ninih…padahal kapan anjeunateh kedah janteun conto kanggo umat sanes
A man: Naha Liez leupat kitu?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: saur liez ma muhun lepat hehe
A man: oooo kitu nya, tapi da saur akngmah teu nanaon Liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: weleh…meuni tega si akang nyarios kitu
A man: daripada aa gym teh zinah, kapan dosa atuh….sareung kapan etateh sunah paling heunteu ngagaduhan isteri teh 3-4
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: teu ah teu satuju Liezmah
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: sok geura taoskeun ka mamah akang kersa teu di midua alias poligami?
A man: nya pasti keresa atuh liez?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: wew…naha kang? Pasti bohongnya? Nya pasti ngawalerna alim atuh dimana-mana ge isterimah, memang kumaha kitu ngawalerna?
A man: sok we siah lamun teu beutah didieumah hehe :))
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: da jabaning leuheung pami aa Gym teh nikahna sareung isteri nu sangsara kitu, atanapi janda tua hehe
A man: kapan emang sangsara kapan?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: sangsara naon ari akng, dameulna ge saurnateh di Bank syariah, leuwih deuih fisikna pami ditinggal2mah
A man: muhun maksadteh sangsara kasih sayang…:)
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.euh dasar..pameugeutmah da hoyong meunang sorangan
A man: kapan Liez atuh ngarah isteri2 didunya teh janteun kaurus, kapan ayeunamah pameugeut teh jumlahna semakin langka…”kawas binatang langka wae nya hehe”
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: ah dasar…nya kan pasti teu satuju atuh kang…sok taroskeun ka si teteh, naha kersa di dua…da pastinage ngawaler alim atuh A man: kersa Liez…..tos di taros ku akang kamari kamari basa akng uih ka Sukabumi tea
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Nu leres kang? Ah etamah heureuy we nya?
A man: leureus liez….nya wios we ah pami teu percanteunmah
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: emang akng kumaha narosna?
A man: “Neng tos teurang kan Aa gym tea?, kumaha neng kersa pami kuakang dikitu?”
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.:teras kumaha waleuranana?
A man: “kersa”
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Bohong pisan etamah
A man: lereus liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: teu nyangki aya isteri nu ngawaleur kitu, barijeung masih bobogohan…pami Liez langsung we ah get ut tidinya hehe
A man: duka atuhnya kang ge rada aneh…pas anjeuna ngawaler kitu, tapi ditungtungan ku cariosan”mangga wae kang pami akang tos yakin mah, pami eta teh diniatan ku kasaean…pami akng tos ngarasa cukup” saurnateh.
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: euleuh…..
A man: BUZZ!!!
A man: liez naha jeumpe?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: mikir
A man: mikir naon Liez?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: teu ah
A man: nya teu naon Liez?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: teu ah
A man: teu teu we….teu naon atuh?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: nya heunteu we atuh
A man: Liez pami Liez ditaros ku AA na ku patarosan nu sami kumaha tah?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: nya alim atuh
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: daripada ke pamegeut Liez teh teu tiasa adil, kalaka janteun dosa ka liez oge…saleuheung pami sagala kabutuhan lahir batin teh kacukupan.
A man: lahir naon Liez?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: aya we lah
A man: etanya?
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: eta naon?
A man: teu ah
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: teuh nya kalaka nurutan
A man: hehe
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: da kang atuh etateh beurat pisan
A man: sumuhun Liez leureus pisan…tapi kapan urang teh kedah diajar
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Diajar tapi sakirana teu mampumah teu nyoba2 daripada engke nyangsarakeun batur, jeung pibatieun asup narakamah
A man: Liez nu serius yeuh…pami Liez ditaros ku pameugeut Liez misalna “ kersa teu dipoligami?”
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Teu….digitik ku Liezmah atanapi dtinggalkeun
A man: duh galak geuningnya Liez teh
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: eh heureuy ketang….dosa atuh pami Liez kitumah
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: nu jeulasmah duka ah, Lieur….kanggo ayeunamah “ALIM alias teu alias teu satuju, alias :((‘
A man: hmmm kitunya?,, padahal kapan Liez pami Liez ridlo, pahalanateh ngagunung pisan Liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: sumuhun pami Ridlo, kumaha pami hate Liez salaku isteri beurat, atanapi hese ngaridlokeun anjeuna sareung nu sanes….nya pastina ge janteun dosa ageung kanggo Liez.
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Nya atos we atuh kang ah… pami akang leureus2 ngagaduhan niat poligami ti saacan nikah? Komo deuih kapan tos gaduh izin ti isteri?
A man: Nya moal atuh Liez akng ge da ngagaduhan hate….moal tega
A man: akangmah ngan saukur nyelok, sakumah hatena ka Allah teh…
A man: eh tapi ketang ari ayamah jeung si tetehteh leureus2 ridlo, hayu wae atuh Liez lebar….Liez kersa janteun nu kadua? Hehe
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: Yey ah
A man: .o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: lebar kang?
A man: muhun lebar aya dua isteri nu kersa didua…..rezeki atuh etateh lah dianggurkeun, teu kenging di tolak…dosa kapan nolak rezeki teh hehe :))
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: ah dasar
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: eh kang Liez bade kaluar heula sakeudapnya….teu nanaon dikintun?
A man: mangga Liez…teu saawios-wios, akang ge bade marios heula dapu ah, barudakna sok tara areucreug Liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: tong ambeuk2an kang! Karunya
A man: Muhun….InsyaAllah Liez
.o0 LieZMaYa (LMS) 0o.: mangga tuh w/s
A man: wa’alikumusallam.

Hapunteun Nami/ IDna teu di jeulaskeun rinci…privasi hehe, cag ah


Paringatan/ pepeling Ti Malaikat IZRAIL

Kacaritekeun Hiji mangsa aya hiji jalma nu didatangan ku ‘Izrail’ nyaeta
malaikat nu nyabut nyawa, jalma etateh naros ka anjeuna:


“Naha ari ieu panglongokan anjeun ayeunateh biasa-biasa wae atanapi pikeun nyabut nyawa simkuring?”
Nabi Izrail ngajawab “biasa”
Teras eta jalma teh naros deui “Pikeun ngawangun kadeukeutan babaturan deukeut, lamun engke samisalna ajal simkuringteh tos tereh kanu waktuna, tiasa anjeun ngirim panggawa atanpi utusan pikeun simkuring?”
malaikta Izrail ngawaler “Tiasa”.


Dinu hiji mangsa malaikat Izrail teh ngadatangan eta jalma pikeun nyabut nyawana, tapi eta jama teh nanya “Naha lain ajnjeun teh geus jangji ka abdi pikeun ngutus ponggawa smemeh nyabut nyawa simkuring tapi naha neupi ka ayeuna taya hiji oge nu datang ka simkuring?”

Malaikat Izrail ngawaleur “Atos, parantos….bahkan mineung pisan ku kuring di kirim ka anjeun mangrupa tulang tonggong anjeun nu tadina leumpeung jadi laun laun jadi bengkok, Rambut anjeun nu tadina hideung jadi bodas, nu baheulana sora anjeun teh tarik barijeung kuat kapan ayeunamah teu jelas bari ngadaregdeg, dinu waktu ayeuna ayeuna ieu anjeung teh rempo taya daya barijeung baheulamah kapan anjeunteh kuat parkasa, titingalian anjeun kabur teu jelas padahal tadina kapan bengras, pinuh ku panghareupan taya karaguan tapi ayeuna anjeun sabalikna, geus mineung anjeun kukuring dibere bewara jeung utusan ti kuring padahal anjeun ngan saukur menta hiji tapi anjeun teu nganggap eta paringatan teh!”
ku sabab eta tong nyalahkeun kuring!

cag ah...mangga resepan carita diluhur :)



UpaMi Al-Qur’an Tiasa Nyarios!

Jeung jalma-jalma anu ngadustakeun ayat-ayat Kami, jeung nyombongkeun diri tinu
eta perkara, nya maranehna nu bakalan cicing nu naraka. Maranehna langgeung
dijerona”. (QS Al A’raaf [7] : 36).


aya bahan renunganeun yeuh sakeudik dihandap, mangga tuh dibaca sakeudapmah :)

UpaMi AL-Qur’an Tiasa Nyarios ???

Waktos anjeun leutik keneh, anjeun ciga batur sajati abdi, Sareung wudlu abdi kuanjeun dicepeng dinu kaayaan suci, anjeun junjung jeung anjeun diajar arti abdi, Abdi anjeun baca sareung sora nu laun atanapi tarik unggal dinteun. Saeunggeusna oge anjeun nyium abdi dinu kamesraan, tapi nya naha ayeuna saeungges anjeun dewasa…Cigana anjeun teu boga kahayang deui ka abdi…Naha ari abdi the ngan bacaan nu tingggal sajarah wungkul ? …Pikiran ajeun meureun abdi the bacaab anu taya nambah elmu pikeun anjeun, Atawa Pikiran ajeun abdi ngan saukur bacaan pikeun budak leutik jang ngaji hungkul?

Ayeuna abdi disimpeun rapih pisan kuanjeun, nuantukna anjeun poho deui neundeun abdi dimana, Abdi tos dianggap ngan saukur Pangalus/ parhiasan imah anjeun. Sakapeungeun abdi dijadikeun mas kawin ngarah anjeun dianggap taqwa atawa abdi ku anjeun dijieun panangkal pikeun nyingsieunan setan anu laknat.

Baheula isuk-isuk keneh surah-surah nu aya di abdi kuanjeun dibaca sababaraha kaca, sorena abdi kuanjeun baca rame-rame sareung rerencangan ajeun di masigit (masjid)….Ayeuna…Isuk-isuk sabari nginum kopi, ajeun maca Koran isuk atawa lalajo berita di TV, keur ngabogaan waktu keur lelson…anjeun bisa maca buku karangan manusa. Tapi abdi anu ngabogaan eusi ayat-ayat anu datang ti Allah anu Maha Perkasa, anjeun culkan jeung mopohokeun abdi…..

Waktos indit gawe kadang anjeun poho maca surah-surah abdi (Basmallah), Dijalan anjeun puteur lagu dunia an kuajeun anggap ngeunaheun, teu…teu aya kaset anu eusina ayat Alloh nu aya dinu laci mobil anjeun. Sapanjeng jalan radio anjeun teu pernah elat ku sora stasion Radio Favorit anjeun, Kuring nyaho eta stasion the lain stasion radio anus ok muterkeun lantunan ayat kuring.

Dimeja gawe euweuh kuring nu paragieun anjeun baca sa’acan anjeun puteur musik favorite anjeun, Jarang pisan anjeun puteur ayat-ayat kuring, komo deuih…kuing teu yakin ajeun ngabogaan MP3 anu eusina ayat-ayat kuring, pikeun maca e-mail tibabaturan anu eusina bewara kaislaman wae anjeun hoream.

Anjeun sibuk teuing jeung dunya anjeun, bener geuning sangkaan kuring teh, lamun anjeun the geus mopohokeun kuring.

Lamun peuting datang anjeun geus meneko mang jam-jam di hareupeun TV, lalajo Liga Italia, gossip, sinetron, Film barat, lalaguan, jeung sajabana. Di hareupeun computer anjeun sibuk mang jam-jam ngan pikeun maca berita anu teu sabaraha, jeung gambar sampah.
Waktu tereh inditna…kuring beuki lila beuki lapuk dinu jero lomari, ngumpul kebul-kebul jeung kutu atawa rinyuh, Sainget kuring ngan awal Ramadhan anjeun mimiti deui maca kurig, eta ge ngan sababraha kaca, bahkan ngan sababaraha ayat wungkul…jeung sora anu uga eugeu jeung kurang lancer, kualatan poho deui.

Naha atuh Koran, Radio, TV, computer anu bakal nulungan anjeun pikahareupeun teh? Lamun dunya geus kolot tuluy datang kiamat, atawa anjeun geus maot anjeun bakal nyorangan dijero kubur anu poek teh …

Lamun gues maot, nyorangan dinu kuburan, sabari nungguan kiamat, Anjeun dipariksa ku para Malaikat, ngan ku ayat-ayat Allah nu aya dikuring nu bisa nulungan anjeun salamet tina eta ujian teh! .

Ayeuna anjeun babari pisan,…enteng miceun waktu…tiap detik…ngalayang kitu wae…nguurangan jatah umur anjeun teh… nu antukna kubur geus satia nunungguan kedatangan anjeun…Anjeun bisa balik deui sawaktu-waktu ‘teu kanyoan lamun Allah geus ngagupaian anjeun pikeun balik deui kaalam anu langeung tea (nyaeta akherat).

Lamun kuring osok kuanjeun baca sabari direuseupan…Di kubur engke…kuing bakal datang nulungan anjeun ngarupaan pamuda anu gagah, jeung Kasep. Di sapanjang jalan di alam akherat anu moal bosen – bosenna ngajaga anjeun jeung satia ngalindungan tinu seuneu naraka, sok atuh baca deui kuring, ayat-ayat kuring samemeh anjeung engke diceungceurikan. Kusabab ayat-ayat anu aya dikuring the asalna ti Allah SWT. Zat anu maha nyaho sagala rupa naon-naon nu aya di dunya fana ieu!

Kaluarkeun buru-buru kuring tinu laci lomari anjeun…Tong poho bawa kaset nu
eusina aya lantunan ayat-atat allah dinu laci mobil anjeun, simpeun abdi di
payuneun meja dameul anjeun!, ngarah anjeun moal poho jeung sok nginget Allah
wae.

Sok cokot, baca…Resepan deui naon-naon arti anu aya dijero
kuring…satiap datangna isuk jeung peting, sapanjang anjeun ngabogaan waktu
didunya ieu !

Siga baheula….Baheula pisan….sawaktu anjeun leutik keneh,
suci, bolon, Dimasigit leutik dikampung anjeun anu damai, Tong nganteup kuring
sorangan dinu sepi, poek, dinu selipan majalah-majalah.

“Utamakaeun SALAMET jeung SEHAT pikeun dunya anjeun, Utamakeun SHOLAT jeung ZAKAT pikeun akhirat anjeun !”

–punteun ach pami aya cariosan anu lepat–


Ulukuteuk Leunca

Bahan :
1/4 kg Leunca, 5 siki Cabe hejo, 5 siki Cabe beureum, Oncom saparapat gebleg dicacag-cacag ku peso sapertos cingcang oncom

Bungbu:
3 sihung Bawang beureum
2 sihung Bawang bodas
2 buku curuk Laja dipekprek atanapi disiksik ipis
2 lambar Salam
Sagagang Sereh semu dprekprek
Cipati saparapat kalapa
Gula sacekapna
Uyah sacekapna
Pecin/Royco sacekapna

Ngadamelna :
Leunca piceunan gagangna, kumbah sing beresih. campurkeun sareng cabe hejo cabe beureum kenging ngumbah siksik serong.
Siksik bawang beureum + bawang bodas digoreng dugi ka layu. abruskeun leunca, oncom, cabe hejo + beureum nu kenging nyiksik, laja, salam, sereh.
Lebetkeun cipati.
Bungbuan uyah, gula, pecin. Dugi ka saat. raosan we!!
Tiasa oge ditambihan ku bungbu penyedap.


Wilujeung Nyobian ah


Soto Bandung

Bahan:
750 gram daging sapi
2 ltr cikaldu (panggodogan daging)
50 gr kacang kadele
3 cm jahe, geprek
2 btg sereh geprek
2 sdm kecap amis
Lobak 1, siksik ipis
2 sdm kaldu rasa sapi

Bungbu direndos :
10 siki bawang beureum
8 siki bawang bodas
1 sdt uyah
1/2 sdt pedes

Puruluk:
Siksik bawang daun, siksik saledri, bawang goreng, sambel

Ngadamelna:
1. Kadele dikeueuman salami 1 jam, tuuskeun. Panaskeun minyak goreng. Goreng singka asak. Angkat, tuuskeun.
2. Godog daging dugi ka hipu. Cai panggodoganana tong dipiceun. Keureutan kumaha kahoyong. Biasana mah potong dadu.
3. Panaskeun minyak goreng, goreng bungbu nu tos lemes direndos dugi ka seungit. Lebetkeun kana cikaldu. Getrekkeun. Lebetkeun daging + siksik lobak, kaldu rasa sapi + kecap. Getrekkeun. Angkat
4. Purulukan siksik bawang daun, siksik saledri, goreng bawang sareng kadele goreng + sambel.

Wilujeung Nyobian :)


Angeun kacang beureum

Bahan :
Kacang beureum diisikan, dikumbah sing beresih

Bungbu :
Bawang beureum 5 sihung disiksik
Laja digeprek
Daun salam
Uyah sacekapna
Gula beureum sacekapna
Asem sacekapna
Tarasi sacekapna
Pecin

Ngadamelna:
Kacang dikulub sareng laja, salam, siksik bawang dugi ka hipu.
Tambihan uyah, gula, asem, pecin.. ieu mah kumaha kahoyongna.. pami semu-semu amis nya gulana seueuran. Gumantung kana seueurna kacang...

dituangna sareung kurupuk ... duh nikamatna pohara tah :)


Lotek Khas Sunda

terang pan lotek?
tah gening ieu yeuh resep katuangan khas sunda nu enak teh
hehe.

Wilujeung nyobian ah.


Bahan:
Waluh, toge (omat togena kedah anu teu lempeng), kangkung diseupan, bade ditambihan ku kacang panjang ge mangga. Waluh di siksik stik. Kangkung dipotong2 daunna + gagangna.

Bungbu + Ngadamelna:
Uyah, gula beureum, cengek, suuk direndos dugi ka lemes, kanggo ngaledokan bungbu tambihan kulub kentang.
Tos lemes, tambihan ku cai asem kinten2 1 sdt ngarah gahar.
Brus seupan waluh, toge, kangkung. Teuras galokeun we. Raosan uyah gulana.
Tiasa dipurulukan bawang goreng, tambihan sareng kurupuk rorombeheun, peuleum pisaaaaaaaan.

dituang sareung sangu haneut, peda beureum...alah peuleum nikmaaat hehe


Opat kanikmatan

4/ Opat kanikmatan

1. Nikmat Iman.
2. Nikmat Islam.
3. Nikmat Sehat..
4. Nikmat Sempet.

1. Nikmat Iman Lamun urang salilana iman jeung taqwa (tawakal) ka Allah Swt, ngajalankeun sagala parentah jeung ngajauhan laranganana insya Allah urang bari ngarasakeun kumaha nikmat hirup. Hate tentrem, tenang moal diudag-udag ku sieun jeung kahariwang salawasna percaya jeung yakin kana ka agunganana Allah Swt anu Rakhman Rokhim ka umat anu salawasna inget ka Anjeuna. Jeung insya Allah bakal salamet dunya lan akherat.

2. Nikmat Islam Lamun urang salilana ngajalankeun bag-bagan agama (teu dikurangan atawa dileuwihan) sasuai jeung aturan Al-qur’an jeung hadist nabi (naon-naon anu dicontokeun ku kanjeng Nabi Muhammada Saw) insya Allah hirup bakal salamet dunya lan akherat sarta karasa nikmatna sakumaha nikmat iman.

3. Nikmat Sehat Kanikmatan ieu moal bisa diukur ku harta jeung dunya barana, ieu mangrupakeun barang mahal pikeun urang sakabeh sabab lamun urang teu sehat alias gering sagala naon anu dipikayang ku urang moal bisa laksana jeung sagalana oge moal karasa nikmatna. Kukitu urang sakabeh sing bisa ngajaga jeung nyaah ka diri urang sorangan ulah ngarasa mentang-mentang tara gering hayoh sagala dilakonan jeung barang dahar teu jeung aturan. Sabab lamun urang geus katarajang ku panyakit mah lain bae urang nu ripuh malah bisa ngaripuhkeun batur oge (boh kulawarga kadang tatangga oge sok milu ripuh). Kukituna hayu urang pada-pada ngajaga kasehatan diri ku jalan hirup teratur teu sakama-kama.

4. Nikmat Sempet Kanikmatan ieu poma ulah dilalaworakeun utamana dina ngamanfaatkeun waktu ku hal-hal anu aya manfaatna, sabab kadang urang sok kalalanjoan boh ku pagawean atawa ku kaulinan anu sok ngakibatkeun poho kana waktu jeung sok diengke-engke aya paribasa kagok tea. Utamana dina hal ibadah poma ulah dimomorekeun atawa diengke-engke tapi kudu diutamakeun sok sanajan urang keur sakumaha sibukna, utamana dina hal ngajalankeun sholat nu lima waktu. Da ari mungguhing umur mah saha nu terang boa isuk jaganing geto boa urang nu pundut ku manteNa (Allah Swt), kukituna poma ulah dipopohokeun da lamun diukur ku waktu mah moal meakeun waktu jam-jaman paling ge ukur memenitan pikeun ngalaksanakeun ieu parentah teh. Inget meungpeung urang sempet jeung aya keneh umur….!

Mangga nyanggakeun mudah-mudahan aya manfaatna khususna kanggo diri kuring
pribadi, umumna kanggo urang sadaya. Punten bilih aya nu kirang merenah/lepat da
ieu mah ukur tulisan saka….alias sakainget tea.


Cag…ah, nuhun.
“kkbm’69″



Ciri ~ Ciri Para Isteri Ahli Syurga

Ciri – ciri IsTri ahli syurga

• Ridha Ridlo sareung pamegeut nu parantos dijodohkeun Allah SWT
• Janteun istri anu tetep satia ka salaki dinu kaayaan senang jeung susah
• Tara elat ti menta hampura ka salaki
• Teu pernah ngabantah parentah salaki salama etteh teu mengkol tinu sya’riat Islam
• Osok nga-nomer hijikeun salaki tinu sagala kaayaan
• Tara elat ti ngahibur salaki puguhning lamun salaki lamun keur aya dinu kaayaan sulit/ susah
• Lamun ditingali/ diteuteup salaki pikaresepeun
• Ngalembutkeun teuteup jeung nurut kana parentah salaki
• Teu pernah nolak lamun dicepeng ku salaki iraha bae salila salaki keur butuh
• Teu boga niat khianat tina pakara harta, dunya, dsb. Lamun salaki keur teu aya
• Ngahormat salaki jeung kolot (indung/ bapa) salaki
• Tara elat ti ngado’akeun ksalameutan kaut kasejahteraan salaki
• Bersih jeung dandan pikeun nyenangeun salaki, lamun ditinggali
• Tara ninggalikeun beungeut nu teu mantes jeung kalakuan kasa pikeun salaki
• Nungguan balikna salaki ku hateu jeung beungeut anu seurijeung nyium leungeun salaki
• Tara wani kaluar tanpa izin ti salakina

sabenernamah hese pisan pikeun ngalakukeun syarat2 nu diluhurteh…Tapi da urang teh usahamah wajib.
simkuring ge can tangtu bisa pikeun pikahareupeun hehe.



Ngalenyepan kecap Alhamdulillah

Bismilllahirrohmanirrohiim,
Mangga urang lenyepan ieu nu biasa ku urang
diucapkeun “Alhamdu-lillaahi rabbil`aalamiin” Sadaya puji kanggo/kagungan Allah
Pangeran Nu Murbeng Alam Aya tilu rupi nu kaunggel dina ayat ieu nu peryogi di
guar sareng di lenyepan nya eta:

1. Gusti Alloh SWT. Alam katut sugri nu aya di satangkaraking jagat pasti aya nu nyieunna, kusaha di jieunna? Lamun ku urang dicukcruk ka puhuna bakal kapanggih kaayaan nu sarwa tunggal teh dadamelan Al-khaliq, gusti Alloh Nu Maha Kawasa, Pangeran Nu Maha Esa/ hiji.

2. ALAM, aya opat nya eta:

o Alam Arwah, lir ibarat alam proyeksi. Nurutkeun panenjo panon bathin mah eta wujud the geus aya, tapi ieu kakarek wujud ghaibah teu acan dugi kana wujud syahadah. Wujud ghaibah sagala mahluk nu bakal lahir ka alam syahadah geus aya di alam arwah.

o Alam Dunya, alam nyata atawa alam syahadah. Alam ieu the alam amal, salila urang ngumbara di alam dunya, urang kudu temen wekel ngumpulkeun pibekelan hirup di alam kalangengan nu tan wande bakal kasorang. Nu hirupna ngaberung ngalajur napsu, ngijing sila bengkok sembah ka Nu Maha Kawasa, cadanganana adzab naraka nu beurat jeung nyeri taya papadana. Sing saha nu sumujud ka Mantenna, bener-bener iman tur ngamalkeun amal soleh, taya cacah taya menak, taya benghar taya sangsara, pasti sinelir jadi kadeuheus-Na, dipaparin kani`matan di taman kalangenan nu langgeng taya tungtungna.
Kitu mungguh kaadilan Nu Maha Adil, pantrang nanggeuy ti bongkokna, beda jeung kaadilan manusa di alam dunya; bangsat gerot nu ngagarogot padaringan ngeunah-ngeunah medah meduh, lain bae aman teu digunasika malah pada ngadama-dama.

o Alam Barzah. Alam kubur, alam tutunggon nepi ka dihudangkeun di yaumat-ba`ats

o Alam Aherat. Alam kalanggengan. Alam ieu lain alam usaha ngadu tanaga tapi alam mipit hasil pepelakan di alam dunya.

3. PUJI Teu aya nu luhung elmuna iwal ti Gusti Alloh SWT. Mantenna nu kagungan hak dipuji.

Alhamdulillaahi rabbil`aalamiin. Mantenna teu meryogikeun nu mantuan kanggo nyiptakeun ciptaana, cekap ku ngadawuh kun fayakun -Ayat Suci Lenyepaneun-

Cag ah …


Jaka Susuru [ Sajarah Sunda ]

Panganteur

Saméméh jisim kuring nyarioskeun lalakonna Raja Jaka Susuru, jisim kuring badé nyarioskeun heula asal-muasalna anu mawi tiasa nangénan yén di distrik Ciranjang, désa Sukarama kampung Cisere, aja patilasan jaman Pajajaran.

Dina taun 1919 jisim kuring dijadikeun Opzichter Irigasi di afdeeling Cianjur. Babakuna anu jadi gawé téh, nuhurkeun (nyaatkeun) tanah padataran Cihéa, supaya ulah réa teuing kasakit, da sadaya pada uninga yén Cihéa téh hawana awon enggon mudang.

Parantos sababaraha kali jisim kuring naronda turut-turut solokan Cihéa tepi ka Cisokan, tapi lebeng teu aya saurang urang acan anu nyarioskeun yén di dinya aya patilasan jaman Pajajaran. Kawasna ku orang dinya mah éta patilasan téh teu dipikaanéh, anu matak tara dipaké omong.

Dina taun 1920, kabeneran kuring kudu ngabersihan torowongan solokan Cihéa ti K.M.O., nepi ka K.M. 1.200. Di palebah K.M. 1.100 sabot keur ngaso, bari ngiuhan handapeun caringi, kuring ningal aya dua kuta. Barang ditanyakeun ka kuli-kuli nu harita ngarariung di dinya, saha nu nyieun éta kuta, naha irigasi, naha keur ngamimitian digawé nyieun jalan Sukarama, atawa kumaha. Ari jawabna geus ti baheula, irigasi mah ngan nyieun jalan rondaan baé wungkul dina lolongkrangna antara kuta jeung kuta deui.

Tuluy éta jelema nyarita, yén di dinya téh baheulana mah urut karajaan, malah éta ogé “Bénténg” téh nya patilasan baheula. Ari rajana jenenganana Jaka Susuru, anu mawi éta tempat nelah nepi ka ayeuna Susuru.

Tapi barang disusul-susul éta jelema buntu kanyahona, ngan sakitu-kituna, ngan manéhna mere pituduh, yén kuring kudu naléngténg ka pantun, da ngan pantun anu pinyahoeun téh.

Di unggal pilemburan anu deukeut-deukeut ka dinya ku kuring ditatanyakeun sugan aya pantun anu nyaho lalakon Jaka Susuru, tapi weléh teu mendak. Karéréaanana mah pantun-pantun téh teu nyarahoeun lalakon Jaka Susuru mah, aya anu dikira pitabaheun kana lalakon éta, geus maot, ku muriang manawi.

Méh tétér tina nanya ka ieu ka ieu téh tu aya nu terang, aya oge saurang-saurangeun pantun anu nyaho saeutik-eutikeun, tapi cangcaya, tina caritana henteu leunjeuran.

Kaleresan basa kuring lalajo Kongres java-Instituut taun 1921 di Bandung kénging bongbolong yén Kuncén Cipanas deukeut Cisambeng di Rajamandala kacida tabahna kana carita-carita pantun, sarta pibisaeun nyaritakeun lalakon Jaka Susuru.

Kalawan pitulung juragan Camat Bojongpicung, kawadanaan Ciranjang, éta Kuncén Cisambeng disaur ka Kacamatan, disina nyaritakeun lalakon Jaka Susuru téa.

Ari caritaanana anu kakuping ku jisim kuring harita; kieu :

Jaka Susuru Raja Di Nagri Tanjung Singuru
Lalampahan Prabu Jaka Susuru nu ngadamel karaton di Tanjung Singuru, anu ayeuna kasebut Bobojong Cisuru, di désa Sukarama onderdistrict Bojong Picung district Ciranjang afdeeling Cianjur.

Ieu urut nagara tempatna santosa pisan ti kidul ti kulon jeung kalér dikurilingan ku cai ngaranna walungan Cisokan, sarta ti kidulna ngadingding gunung, disebutna gunung Cibulé, ari ti wétanna dihalangan ku bénténg 5 lapis, sarta ka wétanna pisan ngadingding gunung Payung. Nurutkeun caritaan urang kampung Ciséro nu ayana dina suku éta gunung, éta gunung Payung téh sanget, malah sok dipaké pamujaan sato héwan nu aya di dinya.

Ieu urut Tanjung Singuru di handapna dipaké torowongan solokan irrigatie, nu ayeuna caina dipaké nyaian sawah sajumblahna aya + 8.000 bau, éta téh nu kakurung ku solokan irrigatie wungkul.

Ajeuna urang nyairoskeun bab galurna lalampahan Prabu Jaka Susuru, putra Prabu Siliwangi Raja di nagri Pajajaran, nu ayeuna patilasanana aja di Bogor.

Bubukana
Sang Prabu Siliwangi ka 7 Raja di Pajajaran kagungan putra jenenganana Munding Mintra Kasiringan Wangi. Dina hiji mangsa magelaran di panca niti dideuheusan para Bopati, Patih, Mantri para Tumenggung. Sang Prabu Siliwangi ngadawuh ka sadayana Para Bopati, dawuhanana: “Kumaha hé para Bopati, Patih jeung Tumenggung, sa réh na kami kagungan putra pameget, nya ieu si ujang Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi, tacan kagungan garwa, tapi ku kami hayang dijenengkeun Bopati heula!” Piunjukna para Bopati sareng para Tumenggung ka Sang Prabu Siliwangi: “Éta mah sadaya-daya, henteu ngalalangkungan Kangjeng Gusti baé, menggah pijenengeunana putra Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna sang Prabu Siliwangi ngadangu piunjukna para Bopati jeung Tumenggung kitu, lajeng ngadawuh deui: “Ari mungguh kahajang kami sarta nurutkeun Gambar Pakuan Pajadajaran, pinagaraeunana teh ayana di tatar Alasan Pasagi wétan, ngan pingaraneunana nagara kumaha engké baé buktina,”

Sanggeusna Kangjeng Raja Siliwangi ngadawuh kitu, terus putrana Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, disaur, sarta didawuhan kudu ngamplang ngumbara ka tatar Alasan Pasagi Wétan, néangan pinagaraeun, sarta diréncangan ku dua Tumenggung, nja éta Dipati Tumenggung Séwana Giri, jeung Dipati Tumenggung Séwana guru, sarta dipasihan jimat Makuta Siger Kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar Lawé Domas Kinasihan. Saparantosna sadia lajeng Munding Mintra Kasiringan Wangi jeung Tumenggung Séwana Giri Séwana Guru angkat tiluan. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radén Munding Mintra sarta dua Tumenggung lirén di dinya, pok mariksa ka Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, kieu lahirna: “Hé, mang Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, boa-boa nya ieu pinagaraeun téh!” jawabna dua Tumenggung: “Sumuhun dawuh, émutan pun paman ogé kawas-kawas yaktos pisan ieu, pantes upami didamel nagara téh, margi palemahanana saé, tanah kalingkung ku gunung, bahé ngétan, nya nu kieu nu disebut Galudra ngupuk téh,” Tuluy Radén Munding Mintra neneda ka jimatna Makuta Siger Kancana, sarta neneda ka Déwa Batara Sanghiang Utipati. Dimakbul panedana, tuluy éta tanah dicipta, jleg jadi nagara, sarta maké bénténg 5 lapis, salapis bénténg beusi, salapis waja, parunggu, pérak, lapis nu pangjerona beusi purasani. Ti dinya neneda deui ka Déwa mundut pamuk 8.000, baladna 80.000, badégan sawidak lima nu purah ngurus di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawuh eusi nagara, tuluy Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi barempug jeung Tumenggung Séwana Giri, Séwana Guru, baris nangtukeun pingaraneunana éta nagara. Tapi dijawab ku Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri: “O, Radén, perkawis pingaraneunana ieu nagara, ulah ngaborongkeun rama baé, Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung saé abdi baé utus ka Pajajaran ngadeuheus ka Gusti”. Nya tuluy Radén Munding Mintra ngarempugan. Ti dinya lajeng Tumenggung Séwana Guru angkat séja ngadeuheus ka kangjeng Prabu Siliwangi. Teu kacarios di jalanna, parantos sumping ka nagara, lajeng marek ka Kangjeng Prabu Siliwangi, sarta terus unjukan yén dipiwarang ku putrana nyuhunkeun pingaraneunana éta nagara, wiréh saniskanten parantos sayagi, henteu acan dingaranan.

Dawuhan Kangjeng Prabu Siliwangi: “Ari pingaraneunana éta nagara kudu Tanjung Singuru”. Ti dinya Tumenggung Séwana Guru amit mulang, parantos dongkap ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Munding Mintra Kasiringan Wangi: “Kumaha dawuhanana Gusti Prabu Siliwangi?” Tuluy diunjukkeun ku Tumenggung Séwana Guru, yén dawuhanana pingaraneun éta nagara téh kudu Tanjung Singuru, sarta raja kudu gentos jeneng, Prabu Jaka Susuru”. Saur Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi: “O, atuh nuhun, yén ayeuna nagara geus aya angaranna, sarta kami digentos jenengan, ngan hanjakal baé acan boga pawarang. Ari ayeuna saha deui nu baris pibelaeun, kajabi ti mamang dipati, ayeuna diperih pati, kudu neangan Putri keur baris pawarang”. Saur Tumenggung Séwana Guru: “Mangga abdi ayeuna mendak wartos, aya mojang di nagara Bitung Wulung, putra Tumenggung Bitung wulung, Pangeran Jungjang Buana, jenenganana eta Putri nu hiji Sekar Jayanti, hiji deui Jayanti Kembang”. Saur Prabu Jaka Susuru: “O, atuh lamun kitu mah urang sakalian baé lamar, nyandak sakumaha adat biasa panglamar, keur ka Tumenggung Bitung wulung”. Ti dinya lajeng Patih angkat. Geus dongkap ka nagara Bitung wulung, kasondong Raja keur lenggah, tuluy Patih ngadeuheus, dipariksa ku Raja: “Ti mana sampéan, saha tuang kakasih jeung rék naon?” jawab Tumenggung Séwana Guru; “Numawi marek, ieu kuring téh Patih Tanjung Singuru, badé ngalamar, jadi utusan Ratu. Kumaha putra sampéan yaktos lagas kénéh? Upami lagas ayeuna disuhunkeun”. Saur Raja: “Bener kaula boga anak, tapi ku ieu ku ieu ogé dilamar teu dibikeun baé, ayeuna dipundut ku turunan Pakuan Pajajaran, Prabu Jaka Susuru, ari cara kaula mah ngan sambung dunga, sarta ulah dilila-lila, sabab Putri geus sawawa”. Saur Patih; “Upami kitu nuhun, malah ayeuna oge bade dibantun sakalian, supaya dinten ieu kasanggakeun ka Prabu Jaka Susuru”. Saur Raja Bitung wulung Jungjang Buwana: “Ih atuh ayeuna mah urang sakalian baé dianteurkeun ku kaula”. Ti dinya terus ararangkat, kocap geus sumping ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Prabu Jaka Susuru hasil henteuna. Patih lajeng unjukan yén hasil, malah kabantun, sarta disarengan ku ramana, sarta tuluy ku ramana dipasrahkeun ka Prabu Jaka Susuru, saurna: “Ajeuna mangga nyérénkeun, geus teu ngalalangkungan Prabu Jaka Susuru”. Tidinya ramana Putri mah amit mulih ka nagarana di Bitung wulung.

Kacarios Prabu Jaka Susuru, mundut kempelan sareng Dipati, para ponggawa sakabéh, badanten baris pésta réh parantos kagungan pawarang tacan dipéstakeun. Teu lami geus ger pésta ramé 7 poé 7 peuting.

Tunda sakedap lalakon Prabu Jaka Susuru, kocapkeun aya hiji nagara, nagara Gunung Gumuruh, jenengan Rajana Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta Raja teu kagungan garwa, ngan kagungan sadérék istri hiji jenengan Ratna Kembang Tan Gumilang.


Raja keur linggih di Paseban, ngadangu anu pésta di nagri Tanjung Singuru, tuluy
nyaur raina nyai Putri Ratna Kembang: “Njai di mana éta nu pésta téh?”

Jawab Putri: “Éta nu pésta téh, di nagri Tanjung Singuru, Rajana keur
oléng-pangantén jeung Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang”.

Saur
Raja:
“ O, atuh éta mah mojang kantanan akang ti baheula, éta Putri Sekar
Jayanti téh
bébéné akang. Coba nyai dagoan heula, ayeuna ku akang rék
diiwat”.

Jawab
raina: “Akang ulah, sabab éta mah pawarang Raja,
najan akang weduk ogé moal
mampuh, tangtu urang cilaka”.

“Ah keun
baé ku akang rék direbut, moal
beunang dicaram, kapan akang boga kawah
Domas; éta Prabu Jaka Susuro ku akang
dék dilejokeun, ré dibobodo
disebutkeun di kawah Domas aya inten gedéna sagedé
énéng, sina dicarokot,
sarta mun geus di jero kawah, pantona ku akang rék
ditutup”.

Lajeng
Raja Gunung Gumuruh angkat, geus sumping ka Tanjung
Singuru, terus pamit
neda eureun.

Katingali ku Raja Tanjung Singuru
lajeng dipariksa:
“Sampéan ti mana asal, sarta saha jenengan tara-tara ti
sasari, kawas anu
aja béja?”

Jawabna: “Leres akang téh Raja Gunung
Gumuruh, nu mawi
dongkap ka dieu, seja bakti nagri, nyanggakeun jelema, sareng
inten buntet
sagedé énéng, nu aya di kawah Domas: teu aya deui nu baris
piiasaeun nyandak
ngan rai, nu kagungan milik”.

Lajeng Raja Tanjung
Singuru nyaur ka
raina: “Kumaha Nyai éta urang ayeuna dibaktian nagri jeung
intan, kumaha
hadé

Jawab raina: “Entong raka, biheung teuing éta anu rék
nganiaya
ngagoda ngarancana ka urang, sareng ieu rai séjén raraosan, asa rék
ngandeg”.

Tapi Patih Tumenggung Sewana Guru unjukan: “Moal saé nu
bakti
teu ditampi, ayeuna mah mangga baé urang angkat.”

Ti dinya
lajeng
arangkat Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri
sareng Raja
Panarak Jaya. Teu kocap di jalanna, geus sumping ka kawah Domas.
Barang sumping
lajeng Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Sewana Guru sarenga
Sewana Giri narempo
kana éta kawah.

Teu tata pasini deui ku Raja
Gunung Gumuruh, éta nu
tiluan téh ngan dijejekan baé digebruskeun kana kawah
Domas. Barang geus
tigubrag tiluanana, tuluy pantona ditutup ku batu wulung
ku éta Raja Gunung
Gumuruh. Éta ménak nu tiluan di jero dasar kawah Domas,
terus tatapa, lamina
kénging 30 taun.

Ti dinya Raja Gunung Gumuruh
teras angkat ka nagara
Tanjung Singguru, maksudna rék ngandih nagri. Barang
sumping lajeng dipariksa ku
Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang: “Raka,
Raja Gunung Gumuruh, naha di mana
kénéh ari Prabu Tanjung Singuru?”

Jawabna: “Nyai ayeuna entong nanyakeun
Prabu Jaka Susuru, sabab ku
akang enggeus di jerum, ayeuna mah carogé nyai téh
nya akang pisan, sarta
ieu nagara ku akan rék diandih.”

Jawab Putri: “Ah
duka, sabab kuring
mah moal pegat tuhu ka Prabu Jaka Susuru!”

Keukeuh
Putri dipaksa,
teras éta Putri mabur, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna
geus jejeg 9
sasih, éta putri ngowo di tengah leuweung, putrana pameget sadaya,
sarta
dijenenganan éta murangkalih nu ti Sekar Jayanti
Heulang-boengbang-legantara-lungguh-tapa-jaya-perang, ari nu ti Jayanti
Kembang
jenenganana Kebo Keremay Sakti Pangéran Giringsing Wayang. Éta
murangkalih
duwanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan.

Barang geus yuswa 10 taun éta marurangkalih sareng ibuna teras ngungsi
ka nagara Tanjung Sumbara. Ari anu kagungan nagara éta. Gajah Karumasakti; ari
garwana dua, jenengan Purba Déwata, Tarna Déwata. Barang sumping éta
marurangkalih sareng ibu-ibuna ka payuneun Raja Gajah Karumasakti, dibagéakeun:
“Oh sukur nuhun bagéa sumping, ieu téh nu ti mana, sarta turunan saha?”

Jawab Putri; “Upami
Raja percanten, ieu pun anak, turunan Kangjeng
Prabu Siliwangi, putra Prabu Jaka
Susuru; ari kuring ibuna, nu mawi ka dieu
seja nyuhunkeun tulung panggugahkeun
Prabu Jaka Susuru, nu aya di jero dasar
kawah Domas, dijerum ku Raja Gunung
Gumuruh”.

Dawuhan Raja: “O nyai,
hadé ku akang ditulungan. Ayeuna éta
nagri Tanjung Singuru urang jieun
lantaran, supaya kauninga ku Raja Gunung
Gumuruh, éta nagri urang huru”.

Jawab Putri: “Saé, nanging muga énggal
digugahkeun heula nu aya di
dasar kawah”.

Lajeng Raja Karumasakti
angkat, barang sumping ka
Tanjung Singuru, teras éta nagri dihuru, seuneu
muntab-muntab saeusi nagri
budal ngalér ngétan ngidul ngulon, nagara
burak-barik.

Jawabna: “Ieu
nagara kula” Ceuk Raja Gunung Gumuruh; “Nu
kula”.

Paaku-aku, tungtungna ger perang éta Raja Gajah Karumasakti jeung Gunung Gumuruh, ramé gelut ngadu kasaktén; tungtungna Raja Gunung Gumuruh kadéséh perangna, nepi ka taluk ka Raja Gajah Karumasakti


Ti dinya Raja Gajah Kaumahsakti nyaur: “Ayeuna manéh taluk, tapi kudu geuwat
ngagugahkeun Prabu Jaka Susuru ti dasar kawah Domas”

Jawabna: “Mangga,
tapi kedah sareng, sareng sampéan, urang ka kawah”.

Ti dinya lajeng arangkat, barang sumping kana kawah Domas, batu tutupna téa tuluy dijungkatkeun, béh kapendak éta nu tiluan téh, Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri, lajeng digugahkeun dihanjatkeun.

Éta Raja Gunung Gumuruh nyanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina urut waktu tadi sakitu ngaya-ngayana ka éta Prabu Jaka Susuru, sarta nagarana katut eusina dipasrahkeun rawuh sadérékna nu istri disanggakeun ka Prabu Jaka Susuru, supaya didamel pawarang. Satuluyna nagara Gunung Gumuruh kaparéntah ku Prabu Jaka Susuru.

Ti dinya lajeng Prabu Jaka Susuru angkat sareng putri sadérékna Raja Gunung Gumuruh ngabujeng ka nagara Tanjung Sumbara. Jadi tetepna Raja Prabu Jaka Susuru di nagara Tanjung Sumbara kagungan pawarang 3 putra 2 papatih 4 nya éta: 1. Tumenggung Séwana Guru 2. Tumenggung Séwana Giri 3. Tumenggung Gajah Karumasakti 4. Tumenggung Badak Tamela Sakti Panarak Jaya

Panalungtik

Saparantos jisim kuring terang lalakonna, nya ku jisim kuring kuta-kutana sareng Batujamban, nya éta anu baheulana tempat paranti siram urang karaton Tanjung Singuru téa, dipotrét. Malah Tuluy marios kaayaan urut karatonna, jalanna mapay-mapay jalan satapak, sasarengan sareng tuan Bakker guru ti Cianjur.

Tegal anu aya di tukangeun kuta bénténg téa, rada mayat, tapi di sababaraha tempat aya anu néplak datar. Tatangkalan anu galedé méh teu aya, manawi ditaluaran ku urang dinya. Di dinya kajabi ti kuburan kuli-kuli anu maraot basa keur nyieun torowongan solokan, kuring mendak kuburan baheula, anu nyangirahna henteu nurutkeun aturan islam, sareng leuwih paranjang batan astana séjén. Tapi ari batu-batu atawa témbokan mah anu pantes jadi ciri patilasan karaton henteu aya; ngan harita kuring mendak lulumpang batu alit sareng lakina (haluna) lonyod.

Saé pisan upami lolongkrang antawis kuta sareng kuta téa anu kapungkurna mah tangtos langkun jero, dikali; malahmandar mendak urut-urut baheula anu jadi katrangan anu leuwih tétéla kana ngadegna éta karaton.

Margi tangtos pisan baheula upami Tanjung Singuru aya anu ngarugrug, kuta bénténg téh dijagi ku soldadu, nya di dinya deui ngalawanna musuh téh, sareng moal boa réa anu maraot marawa pakarang. Upami tiasa mendakan pakarang-pakarangna tangtos kénging dianggo saksi geusan nangtoskeun jaman-jamanna ayana éta Karaton Tanjung Singuru.

Palemahanana ieu karaton alus pisan, ngongkang ka walungan Cisokan, anu baheulana mah tangtos pisan langkung lega, tur dipungkur diliungan ku gunung, gunung Cibulé sareng Kiara Payung, taya petana beunang direbut ku musuh, moal bisa éléh ku atah-atah. Anu ngarurug, nu rék ngajabel karaton, kurang-kurang togahana mah kawasna, moal baé kana bisa meunang téh.

Di peuntaseun Cisokan ogé Beulah katuhu, caket kampung Cibulé, aya deui kuta bénténg, dua.

Di Gunung Kiara Payung dugi ka ayeuna aya kénéh hiji tangkal kiara anu puncakna ngarandakah sapertos payung. Di dinya aya pajaratan, numutkeun carios urang dinya sanget, malah sok dianggo pamujaan ku sato héwan leuweung dina unggal sasih Mulud.

Ari urut alun-aluna anu nelah di sebat alun-alun “Séwu Cengkal”, datar neplak pisan, sakurilingna tegal baé, pernahna kacida saéna, pikabetaheun.

Numutkeun babad sareng Serat Kanda Majapahit tingali Pararaton (Kén Arok) anu dikaluarkeun ku Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, jilid LXII citakan ka 2 kénging Dr. N.J. Krom kaca 110,111,203,216,217,218 sareng 223. Jaka Susuru atanapi Susuruh téh, anu mimiti ngadegkeun karajaan Majapahit, sarta nya anjeunna anu mimiti jumeneng raja kakasihna Raja Brawijaya ka Hiji ngeréh Jawa Kulon sareng Jawa Wétan.

Upami diparios ku Oudheidkundige Dienst tangtos bakal seuseur deui kaanehanana.

Rd. W i j a y a

Jaka Susuru ( Dididik oleh oleh Erlangga
sebagai wali nagara ) /

Rakeyan Banyak Citra ( Batu Raden Purwokerto ) /

Hibarbuana Tajimalela ( Misi Mendirikan Sumedanglarang ) /

Prabu
Wijaya Kusumah ( Gelar Tertinggi dlm. Ketatanegaraan Pajajaran Nagara / Jawa
Dwipa )/

Kartarajasa Nagara

( Raja Majapahit I th. 1293-1309 ) /
Raja Medang Kemulan di Jawa Pawatan ( Hujung Galuh ) /

Raja Agung
Sumedang Larang

Dicutat ti http://wikisource.org


jalur Angkot Daerah bandung / sabudeureun bandung

kalapa-cicaheum via cibinong
pungkur-bodas-palasari turangga-gatsu-kircon-suprtman-katamso-cikutra-suci

cicaheum-kalapa
suci-jakarta-kircon-turangga-palasari-bubat-ramdan-toha

kalapa-cicaheum via aceh
karapitan-sunda-aceh-katamso-pahlawan-suci

cicaheum-kalapa via aceh
suci-katamso-aceh-sulawesi-tamblong-lengkong besar-ciateul

kalapa-dago
pungkur-karapitan-sunda-banda-riau-dago

dago-kalapa
dago-aceh-sumatra-tamblong-lengkong-ciateul

kalapa-ledeng
pungkur-karapitan-sunda-banda-riau-wastukencana-cipaganti-setia budi

ledeng-kalapa
setia budi-cihampelas-wastukencana-aceh-sumatra-lengkong-ciateul

elang-kalapa
suryani-pagarsih-otista-ciateul

kalapa-elang
otista-astana anyar-pagarsih-suryani-holis-bojong-cijerah

cicaheum-ledeng
suci-katamso-supratman-diponegoro-sulanjana-taman sari-siliwangi-setia budi

ledeng-cicaheum
setia budi-siliwangi-taman sari-sulanjana-diponegoro-supratman-katamso-suci

cicaheum-ciroyom
suci-surapati-DU-siliwangi-cihampelas-eyjkman-pasir kaliki-padjajaran-aruna

ciroyom-cicaheum
aruna-padjajaran-pasir kaliki-cipaganti-siliwangi-DU-surapati-suci

cicaheum-ciwastra
suci-surapati-supratman-jakarta-kircon-marga cinta

ciwastra-cicaheum
marga cinta-bubat-kircon-jakarta-supratman-surapati-suci

cicaheum-cibaduyut
suci-katamso-supratman-jakarta-kircon-by pass-cibaduyut

cibaduyut-cicaheum
by pass-kircon-jakarta-supratman-katamso-suci

st. hall-dago
perintis kemerdekaan-seram-riau-dago

dago-st. hall
dago-merdeka (bip)-suniaraja-stasion

st. hall-sd. serang
lembong-lombok-supratman-katamso-cikutra

sd. serang-st. hall
cikutra-katamso-supratman-merdeka-suniaraja

st. hall-ciumbuleuit via eyckman
kebun jukut-cicendo -cipaganti-ciumbuleuit

ciumbuleuit-st. hall
ciumbuleuit-cihampelas-eyckman-sukajadi-pasir kaliki

st. hall-ciumbuleuit via cihampelas
kebun jukut-cicendo -cipaganti-ciumbuleuit

ciumbuleuit-st. hall
ciumbuleuit-cihampelas-cicendo-kebun kawung

st. hall-gede bage
otista-abc-naripan-yani-palasari-talaga bodas-bubat-by pass

gede bage-st. hall
by pass-bubat-talaga bodas-palasari-yani-sumbawa-aceh-merdeka-suniaraja

st. hall-sarijadi
kebun kawung-junjunan-suryasumantri-ters. sutami

sarijadi-st .hall
ters. sutami-suryasumantri-junjunan-kebun kawung

st. hall-gunung batu
gn. batu-junjunan-pasteur-cicendo-kebun kawung

gunung batu-st. hall
kebun kawung-cicendo-pasteur-junjunan-gn. batu

ledeng-margahayu
sukajadi-eyjkman-cihampelas-wastukencana-riau-jakarta-kircon-margahayu

margahayu-ledeng
kircon-jakarta-riau-wastukencana-cipaganti-setia budi

dago-riung bandung
DU-diponegoro-sukabumi-kircon-by pass

riung bandung-dago
by pass-kircon-sukabumi-patrakomala-banda-DU

dago-pasar caringin
cigadung-cikutra-surapati-cikapayang-padjajaran-ciroyom-psr. koja-by pass

pasar caringin-dago
by pass-psr. koja-ciroyom-kebun jati-padjajaran-wastukencana-taman sari-surapati-cigadung

panhegar-DU
cisaranten-yani-riau-tamansari-ganesha-unpad

DU-panhegar
unpad-taman sari-riau-aceh-sumatra-naripan-yani-cisaranten

ciroyom -sarijadi
aruna-pasir kaliki-sukajadi-sutami-cipedes-gegerkalong

sarijadi-ciroyom
gegerkalong-sutami-sukajadi -sedrhana-abd. saleh

ciroyom -bumi asri
holis-bojong-cijerah-gempolsari- dirgantara

bumi asri-ciroyom
dirgantara-gempol sari-cijerah-bojong-holis-sudirman-rajawali-kebun jati-pasir kaliki-abd. saleh

ciroyom-cikudapateuh
rajawali-kebun jati-astana anyar-bkr-ramdan-palasari-laswi-yani

cikudapateuh-ciroyom
yani-palasari-ramdan-bkr-kopo-astana anyar-sudirman-elang-rajawali

sederhana-bubat
jurang-pasteur-cihampelas-cicendo-lembong-lengkong-cikawao

bubat-sederhana
karapitan-lengkong-kalapa-dewi sartika-cicendo-dr. otten-sukajadi

sederhana -cijerah
sukajadi-abd. saleh-garuda-sudirman-cijerah

cijerah-sederhana
cijerah-elang abd. saleh-sukajadi -sederhana

sederhana-cimindi
sukajadi-sukagalih-junjunan-mustang-gn. batu

cimindi-sederhana
gn. batu-mustang-junjunan-sukagalih-sukajadi

tegal lega-cisitu
astana anyar-gardu jati-kebun jati-cicendo -wastukencana-taman sari-cisitu

cisitu-tegal lega
cisitu-siliwangi-cihampelas-cicendo-psr. baru-kalipahaptista

ciwastra-cijerah
marga cinta-kircon-bubat-bkr-leuwi panjang-kopo-cibolerang-cigondewah-cijerah

cijerah-ciwastra
cijerah-cigondewah-cibolerang-kopo-bkr-bubat-marga cinta

cicadas-elang
kircon -gatsu-lengkong-kalapa-dewi sartika-kebun kawung-abd. saleh

elang-cicadas
rajawali-kebun jati-otista-dalem kaum-cikawao-gatsu-kircon-jakarta

ciroyom-antapani
abd. saleh-padjajaran-aceh-laswi-sukabumi-jakarta-purwakarta

antapani-ciroyom
purwakarta-jakarta-sukabumi-laswi-aceh-padjajaran-abd. saleh

cicadas-cibiru
kircon-by pass-cibiru

cibiru-cicadas
by pass -kircon-jakarta-yani

sadang serang -gede bage
tubagus ismail-dago-surapati-suci-ujung berung-rumah sakit-gede bage

gede bage-sadang serang
rumah sakit-ujung berung-cikutra-pahlawan-surapati-dago-tubagus ismail

sadang serang-caringin
tubagus ismail-taman sari-padjajaran-kebun kawung-abd. saleh-garuda-cijerah-bojong-caringin

caringin-sadang serang
caringin-bojong-cijerah-elang-abd. saleh-radjiman-taman sari-ganesha-dago-tubagus ismail

cibaduyut-karangsetra
leuwi panjang-kopo-astana anyar-pasir kaliki-sukajadi-dr. sutami

karangsetra-cibaduyut
dr. sutami-sederhana-pasir kaliki-astana anyar-kopo-leuwi panjang -cibaduyut



Pésén Admin

- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID

SOFTWARE PROMOSI KE RIBUAN IKLAN BARIS GRATIS
Mau Promosi gampang? Klik Autosubmit aja, Sekali klik Iklan langsung tersebar tanpa perlu mengunjungi satu persatu, lebih efektif dan efisien dengan harga murah 30ribu/ bulan.
http://www.autosubmit.web.id

WEBHOSTING MURAH HANYA 5RIBU PERAK/ BULAN
WebiiHost.com, didukung server yang handal berkualitas, support pelayanan ramah, Fasilitas Cpanel, fantastico Autoinstaller Wordpress & Joomla.
http://www.webiihost.com

JASA PEMBUATAN WEBSITE MURAH CEPAT & BERKUALITAS
Mau buat website Toko Online/ Perusahaan/ Sekolah/ Pemerintah? website bisnis UKM, dll dengan harga terjangkau dan cepat? Gratis domain Hosting, klik aja Cekasweb.com aja yuk!
http://www.Cekasweb.com

TOKO ONLINE BAJU BUSANA MUSLIM SYAR'I MURAH
Mau belanja baju busana muslim, Gamis Syar'ie Murah Bekasi, perlengkapan rumah tangga, dll. Pengiriman Cepat via JNE, dapatkan diskon dan Free ongkir ke Jabodetabek.
http://ummu.biz
Ads by Potter.web.id

 

Arsip lomari


Wilujéng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka dégét ayéna, nyaéta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

Nunutur

Nu Parantos Ngalongok

Copyright 2013 Tépas Pangacaprukan Mojang Bandung | LieZMaya.Web.ID WeBlog Urang Sunda nu kér diajar Nyunda!. ti taun 2006 dugi ka kiwari. Development by Jasa Pembuatan Website Murah