Wilujéng Sumping Lur! Kumaha damang?

Budaya sunda warisan ti karuhun teh kiwari ampir ampiran ngan sakur tinggal carita hungkul, gés langka barudak ayéna nu daek ngamumule budaya seni sunda (Utamana dina Basa tur carita), cénah era atawa ku mangrupaning alesan sajabana, atawa ngan sakur ku gengsi, duh prihatin pisan!.
- Ka pamiarsa nu hoyong Ngopi paste/ nyalin seratan2 dina Blog ieu, mangga wae moal di carek! Mung tong hilap seratkeun sumber seratan kaca nu lengkep ti LieZMaya.Web.ID.
- Bagi para pembaca yang budiman, Terima kasih untuk tidak sembarang Copy paste/ mempublish ulang tulisan2 yang ada di blog ini! Jangan lupa, Mohon sertakan alamat sumber url yang lengkap dari LieZMaya.Web.ID.
0

Kacang Bulu

kacang bulu

Ieu katuangan jaman purbakala…maksadna salah sawios katuangan karesep basa kapungkur nuju alit. Di lembur mah disebatna teh kacang bulu…pami basa indonesiana mah naonnya? kacang kedelai tea panginteunnya? bakatku tos lami tara mendakan deui…pek kamari ieuh basa kaleresan dijalan sarantos ngajajapkeun pun alo ti sakolana ninggal tukang jagong. Beu ku haripeut pas ninggal sababaraha beungkeut kacang bulu nu nyesa…mung kantun aya tilu bengkeut deui, sabeungkeut pangawisna dua rebuan.

Alhamdulillah ya Alloh meni asa mendakan naoooooon kitu, nuangna meni ku bungah…bari ngemut – ngemut mangsa katukang basa nuju jaman bubulucunan sareng rerencangan di sawah heuheu…teu hilap dugi ka ayeuna.

Wilujeng lebaran haji/ Idul Adha lur! (kangge para wargi nu ngalaksanakeun), simkuring bade mulang heula ka lembur (Bandung) heula nya’…nitipkeun ieu kaca sunda pangacaprukan simkuring ieu hehe :)

Cag ah, baktos simkuring.

Kakaitan pangacaprukan diluhur:



Tatapakan

Milari naon atuh?

Memuat...

Twitter / liezmaya

Nu Nyaremah Tur maranco