Raih Penghasilan tambahan Jutaan Rupiah!

Voucher iklan autosubmit iklan murah

27 Okt 2009

Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda

kembang warna bungur
Ieu gambar teu nyarambung sareung topik Neng?
Muhun wiosnya...da sabab teu gaduh poto ramo - ramo panangan anu nuju anyang - anyangan pacici cici putri atuh da...sakanteunan narsis majang ramo panangan leuntik simkuring nyepengan kembang warna bungur basa amengan ka Bogor :P *haha tong sirik*

Inget mangsa katukang basa kuring olol leho keneh *can aya nu bogoheun harita teh haha* jéng babaturan teh sok loba kaulinan nu dipika resep teh, mun bosen nu ieu, nya ganti ku itu, mun bosen nu itu kari w ganti ulin nu itu. Tah ulinna mun paréng istirahat sakola atawa balik sakola samemeh indit sakola agama atawa ngaji ka masjid. Tataros ka mang google mendakan postingan edun ieu, mangga di aos bae...derrrr ah barudak!
Bada Isa Mang Sa'i diuk di tengah imah bari ngabaheuhay, sukuna nyanghunjar lambar, ngareureuhkeun capé tas baranggawé. Pamajikanana keur ngécos, ngérodan baju barudak na deukeut cempor.
"Cing Inah aya kénéh bubuy sampeu téh?" Mang Sa'i ka anakna nu cikal, anu umurna nincak 8 taun jalan.
Inah ngaléos ka dapur, hideng mangnyokotkeun bubuy sampeu tina catang hawu, citéh haneut dina téko jeung gula beureum meunang ngurud, dipiringan. Golosor dikahareupeunkeun bapana.
Indungna jongjon kékécos, bapana jongjon ngopi cacamuilan, bubuy sampeu dicocolkeun kana kurud gula disurung ku citéh haneut. Sakeudeung sakeudeung diselang ku imut ngagelenyu, ngadéngé barudakna sadulur-dulur, Inah, Titi jeung Didi ngariung di juru imah, anteng pacici-cici putri. Pikaseurieun ku kekecapan Inah, anu jadi luluguna.
Inah jeung Titi diukna émok, Didi sila andekak.

Dampal leungeun Titi jeung Didi disodorkeun duanana kénca-katuhu, ditangkubkeun sina antel kana palupuh, tuluy ditunjukan, ditetel-tetel ku curuk Inah bari ngawih:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa........?"
"Hayang kembang naon?" cék Inah nanya ka Titi bari nyekel kana leungeun katuhu Titi.
"Hayang kembang sebé........!" témbal Titi.
"Heeh........kabogohna ka anak Mang Lebé ... !" ceuk Inah bari tuluy nyekel leungeun katuhu Titi téa sina nyangsang kana taktak.
"Héhéhéh........" Didi seuri. “Aduuuh........ kabogohna anak Mang Lebé cenah .... ! Héhéhéh ....”
"Keun baé atuh, naha........!" cék Titi anu boga rasa dijangjaruhkeun, bari seuri merong ka Didi.
"Sok urang tuluykeun........!" cék Inah bari ngawih deui:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?
"Hayang kembang naon?" bari nyekel leungeun Titi nu kénca.
"Hayang kembang bakung........!" cék Inah bari menerkeun leungeunna sina nyekelan taktak anu sabeulah deui.
"Heeh, kabogohna Tua Kampung."
"Sing rékép nya, ulah lésot! Ayeuna kari Didi"
Pek deui Inah ngawih saperti tadi ditungtungan ku nanya, "Hayang kembang naon?"
"Hayang........hayang........hayang .... kembang hérbras!" Didi ngajawabna rada agag-agagan.
"Heeh........alus, kabogohna urang Cibodas!" Didi jigrah, bari reureundeukan, tuluy nyangsangkeun leungeun kéncana kana taktak katuhuna, miheulaan parentah lanceukna nu ngaluluguan.
"Sok hiji deui, leungeun Didi nu kénca, encan..," cék Inah bari ngong ngawih deui. Tamat ngawih, pok nanya deui, "Hayang kembang naon?"
"Eu........eu........hayang kembang jalantir........!"
"Tah, kabogohna anu musapir!" témbal Inah.
"Ah embung nu musapir mah, da urang mah hayang beunghar!" cék Didi bari nyentak ka lanceukna.
"Heeh, heug, ganti atuh........jaga bakal jadi supir........!" cék Inah. Didi seuri atoh, indung bapana patingbelenyéh, kayungyun.
Sanggeus Titi jeung Didi pada-pada nyarangsangkeun leungeunna kana taktak masing-masing, tuluy Inah nanya deui ka Titi bari nyampaan siku, sirah, irung, panon, halis jeung buuk Titi.
"Ieu naon?" cék Inah kana siku Titi.
"Congcot!" témbal Titi.
"Ieu?" kana sirah.
"Gunung!"
"Ieu?" kana irung.
"Hawu!"
"Ieu?" kana panon.
"Lampu!"
"Ieu?" kana halis.
"Hileud!"
"Ieu?" kana buuk.
"Sapu!"
Geus kitu Titi téh sina meungpeun ku dua leungeun tuluy ditanya deui ku
Inah, "Nini! Nini! Aya Mas Giman bieu ngaliwat?"
"Aya!" témbal Titi.
"Mawa naon?"
"Mawa nangka........!"
"Nangka........raaaak........!" cék Inah bari ngajengkangkeun Titi sina nangkarak.
Barudak saleuseurian tingbarakatak. Tuluy deui Inah nanya ka Titi anu geus meungpeun sakali deui, "Nini ! Nini ! Aya Mbok Ayu bieu ngaliwat?”
"Aya!"
"Ngagandong naon?"
"Ngagandong jajamu!"
"Jamu........rauuuulll!" cék Inah.
Tuluy Titi disurakan ku Didi, "Euleuh jamuraul! Euleuh teu boga kaéra!"
"Keun baé da bobodoan barina ogé, naha........!” ceuk Titi.
"Ayeuna Didi" cék Didi bari nangkeupkeun leungeun kénéh kana taktakna sina ditataan ditanyakeun naon-naonna, tina siku dipapay nepi kana buuk ku Inah, saperti basa ka Titi. Tamat éta, Didi tuluy meungpeun, terus ditanya ku Inah, "Aki! Aki! Aya Mang Usa bieu ka dinya?"
"Aya........!"
"Nanggung naon?"
"Nanggung gula!"
"Gu........la........wing........!" Inah nyekelan leungeun Didi duanana, tuluy digulawingkeun, dijangjang-dijungjungkeun, bari nangtung.
"Aduh! Aduh! Nyeri, mani ngaderekdek ....! Luhur teuing ngajungjungkeunana Si Euceu, siah .......!” cék Didi bari lewa-lewé.
"Sugan téh teu nyeri. Maap, nya, kalepasan!” Cék Inah. “Ganti baé ku tatarucingan, saha nu pinter neguhna, cing........" Inah ngabangbalérkeun Didi anu rék ceurik téa.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit.

Versi tembang Kaulinan Pacici cici putri teh bentén – bentén da, sapertos simkuring basa alit mah lirikna teh,
“Pacici cici putri, si putri anteur ka cai...
Ah embung...ah embung sién aya nu kamari”
kitu taaaah.
Duh hatur nuhun pisan yeuh meni asa ku waraas nyeblak kana hate, carita duluhur di candak ti sunda Blogger.


24 Okt 2009

Gelo Ku Anu Kagegeloan

“Ieuh, ari maneh daek kawin ka si Nendah teh naha kusabab naon?” tanya Bi Ecin
“Naha kitu bi?” tembal Jang Riki
“heu ibi mah ku ho’okeun we maneh ujug – ujug bét daek, pan ti baheula teh maneh keukeuh embung dijodokén ka budak eta téh”
“Ah teu kunanaon bi, ngan babalik pikir we...asa era karunya ka manehna nu ti bahéla teu bosen – bosenna nungguan Iki”
“Naha kumaha atuh jéng si Neng Eulis?”
“geus bi ah tong nyeubut – nyeubut deui ngaran si Eulis bi....liér!” Jang Iki tuluy ujung – ujug ngaléos ti dapur ngajauhan Bi Ecin
“Haar rek kamana atuh Jang? Ieu sangu gés asak, urang tuang”
“Ka bumi Oni heula, rek mulangkén PSP”
“Burukénnya, bisi kaburu tiis” Bi Ecin ngingetkeun.
“Muhun...” tembal Jang Riki, bari tuluy manehna teh nyokot PSP ti kamar ngabélécét ka luar nutupkeun panto rada tarik luncat ka imah Jang Oni babaturanana.

Jang Riki atawa nu sok disebut Iki teh nyaeta anak kukutan Bi Ecin ti umur sapuluh taun, saprak bapana maot gara – gara sok mabok. Indungna Jang Iki nu ngarana Epong nu kabeneran ngabogaan rupa nu gélis téh tuluy nekad indit ka Arab jadi TKW ninggalkeun Jang Iki ka bi Ecin, unggal dua bulan sakali sok dikiriman duit jang kaperluanana. Nincak Umur 20 taun indung Jang Iki tuly maot gara – garana jadi korban kabiadaban dununganana di Arab.

Sabulan deui Jang Iki geus boga tekad rek kawin jeung Neng nendah, manehna dilamar ku bapana Neng Nendah, heu memang ilaharna mah lalaki nu ngalamar awéwé, tapi da karna ku kaayaan Neng Nendah nu kacida mikabogoh Jang Iki nepika ceuk paribasana mah “kagegeloan” kapaksa kulawargana Neng Nendah teh sababaraha kali menta Jang iki pikeun narima cinta Neng Nendah.

Tadina mah Jang Iki teh kékéh embung kusabab hatena gés nyantel ka Neng Eulis nu dipicéngcém ti lélétik, ngan hanjakan Neng Eulis teh basa minggu kamari menta putus ti Jang Iki ku gara – garana geus teu bogoh deui ceunah.

Jang Iki narima cinta Neng Nendah ku hiji pasaratan, nyaéta lamun éngke gés kawin jéng manehna, Neng nendah kaasup kulawargana tong kabeuratan mun manehna rek nyandung deui ka awéwé nu lian. Nya kapaksa dalah dikumaha bapana Neng Nendah, kaasup Neng nendah teh nyatujuan eta pasaratan.

Hiji poé Neng Nendah balik ti pasar gés meuli jang bahan babawaén ke kawin, dijalan Neng Nendah dicegat ku parampok, tuluy kusabab ninggali rupa Neng Nendah nu Endah gélisna, jéng kabeneran harita Neng Nendah indit nyorangan make baju nu seksi nu eces ningalikén cetakan imbitna nu bahenol nerkom nya ku parampok eta teh tuluy dirajéngan, dipaksa ngalayanan nafsu edan eta tilu parampok. Tapi kusabab Neng Nendah teu sudi, tuluy manehna teh tuluy ngalawan nepika sanggésna dibacok nepi ka ilang nyawana.

Jang Iki tuluy jadi nyorangan...hatena teu wéléh ngarasa salah kacida ka Neng Nendah, kusabab harita teh manehna nolak nganteur Neng Nendah ka pasar, sédéngkeun Neng Eulis ayeuna geus indit ka luar nagari dibawa ku salakina. Paripolah Jang Iki nu plinplan tur “asa aing” téh tungtungna karandapan goreng mamala kér manehna sorangan. Manehna nyumpahan diri sorangan, sapanjang hirup dumeulah di alam dunya ieu moal deui – deui bobogohan atawa kawin jéng batur, ayeuna manehna katelah disebut bujang tunggara.


Mugia carita karangan simkuring diluhur tiasa dicandak tur dipetik hikmahna..."naon we lah teu langkung nu maca hehe *pisss ah".
Hapuntén boh bilih aya nu kaabotan, teu aya maksad sanes, iwal ti sakur hoyong nyerat dina tengah wéngi ieu, sabab hese peureum nyeri gugusi hiks :(


Baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Bekasi 24/10/2009.


21 Okt 2009

Anjeun - Puisi titipan kang Haidar Pasundan


Anjeun

Ayeuna kuring ngarasa nyorangan.
Teu ngarti naon anu geus kajadian
Teu kabayang anjeun rek indit
Ninggalkeun kuring sorangan

Ayeuna kuring sadar
Cinta teu kudu ngapimilik
Teu nyangka, seuri, ceurik jeung hereuy anjeun
Harita keur anu pamungkas.

Kenangan rek disimpen dina hate
Ngan teu bisa kapimilik
Anjeun geus milih jalan anu tangtu
Jalan anu moal pernah balik deui

Dina hate anjeun kuring cicing,
Dina hate kuring anjeun cicing.

Ayeuna kuring kudu ngalepaskauen anjeun,
Mang rebu rebu hampura jeung nuhun,
Pengorbanan anjeun, moal dileuleungit ku kuring
Anjeun janten suhada, Nuhun Ya Allah

By Haidar pasundan...
bari sedih iyeu teh ngarangna, sedih anu teu apal iraha wanci panungtungna....

Image by: DeviantArt.


20 Okt 2009

Lembur Kuring Kacamatan Arjasari/ Ardjasari


Arjasari nyaéta lembur kuring nu nyingkur ti kota, tempat dimana kuring digedekeun, nyiar elmu ti leuleutik nepi ka ayeuna manjang hirup sakulawarga.

Arjasari/ Ardjasari nyaéta ngaran salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Bandung, Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kaasup wilayah lebaheun Soreang.
Desa nu kaasup kana wilayah kacamatan Arjasari nyaeta: Ancolmekar • Arjasari • Baros • Batukarut • Lebakwangi • Mangunjaya • Mekarjaya • Patrolsari • Pinggirsari • Rancakolé • Wargaluyu. Ekonomi masyarakatna masih keneh menengah kahandap, profesi lolobana nyaeta patani jéng pangdagangan hordeng/ gordin nu diicalan ka luar kota/ luar pulau jawa.





Sawah tur gunung masih keneh harejo, diapit ku gunung Geulis, sering dijanténkén trek jalur olah ragi sasapedahan, sabab ku mudun jéng nanjakna lumayan nantang. Daerah lahan pertanian lebah pinggir sari sering dijanténkén tempat praktek pikén praktek calon insinyur pertanian.
Salian ti pertanian oge Arjasari aya sababaraha peternakan penghasil hayam jéng susu sapi.
Dumasar kana ingfo ti Google.Com Arjasari teh koordinat pernahna teh di:
UTM : YT91
Geographical coordinates in decimal degrees (WGS84)
Latitude : -7.056
Longitude : 107.646
Geographical coordinates in degrees minutes seconds (WGS84)
Latitude : -7 03' 20''
Longitude : 107 38' 47''.
Link Google tiasa dipilari di Google Map arjasari.
InsyaAllah kapayuna bade di teraskén ngenaan ingfo pilemburan simkuring nu leuwih lega deui.

Baktos: Lilis Mayasari/ LieZMaya.


15 Okt 2009

Piknik ka Cibolang - Pangalengan

Bismillah,

Kumaha daramang lur? Duh hapunteun yeuh ti Saparantos boboran kamari tacan kantos simkuring ngapdet (pami ngapdet bahasa sundana naonnya? Mulasara kitu nya? Heheh), aya sababaraha hiji pembaca nu satia ieu blog parantos haharewosan ka simkuring kangge ngapdet deui saurna. Ku Séérna padamelan ahir ahir ieu nu antukna ngamatakén rada sésah simkuring tiasa nyalingkérkeun waktos kangge kutrat kotret ngacapruk didié...halah kalah baceo géningnya.

Ieu mah mung tamba we nyirikén ayana tanda - tanda kahirupan dina surélék blog ieu teh, sangkan tong pareum teuing, simkuring bade nyaritakeun sakedik pangalaman hiji pangpiknikan nu kungsi di jugjug basa kamari liburan boboran tea di Bandung.

Di Bandung beh (kidul kitu?) aya hiji daerah namina Pangalengan tea, pasti sadayana ge parantos arapal ku kamasyuran eta daerah nu komoditena nyaeta penghasil énteh. Subhanalloh sapapanjang jalan (bari butut rarinjul aspalna raréksak) ku asal nyeblak hate ninggal amparan tangkal énteh nu harejo. Lir ibarat mun nuju ninggal laut hate teh asa waraas ku kaAgungan nu Maha kawasa.

Harita kaping 24 September 2009 (lebaran 5 H+) Simkuring start naek motor dibonceng ku pun rayi ti lembur Rancakole/ Arjasari tea tabuh dalapanan enjing enjing, sasaréngan jéng rengrengan batur salembur nyandak jalan Cibeureum.

Trek Rancakole – Maruyung – Cibeureum – pangalengan, niatnamah ceunah hoyong motong jalan, beu aripekteh kalah 2x lipat tebihna asana teh!!! duka pedah jalanna nu raruksak kitu, atanapi simkuring nu teu biasa jalan tébih ngangge kandaraan motor (nya puguh we da sadidinté padamélan uplek payunén monitor hehe).

Sakitaran tabuh 10an dugi ka Bendungan Cisanti, nu hawar hawar cénah mah eta situ teh huluna walungan Citarum tea, sabari istirahat jéng daripada panasaran nya mampir héla kadinya teh. Karcis pasrkir motor saréng dua jalmi mayar sapuluh rebu. Turun ti parkiran, ngonci2 ganda motor, nitipkén helm (mayar deui dua rebu!) teras mapah deui ka palih handap, ka lebah eta situ sakitaran 50 meteran. Hmmm sepi...tiisén, caina eta situ teu patos sae katinggalna mah, mung ukuranana lumayan ageung 2 haktar kitu pami teu leupatmah...hmm paburantak sampah dimana mana (tos teu aneh deui panginénnya tempat wisata di Indonsia mah karitu sabahagian lobana). Hhhh pokoknamah teu srék cicing lami lami didinya teh. Saparantos cicing heula barang satengah jam niis ngalémpéngkén tuur langsung we lanjut ka tempat tujuan nyeta Pangalengan.

....Lets Gooooo dak! Pokna pun rayi teh nyumangétan.

Dijalan ampleu ampleuan sajam satengah, bari jalan kaayaan beuki parna, batu batu teh baradag, duh matak karunya kana “kébo” nu ditumpakan, palaur bitu ban, mangkaning teu kaambé aya bengkel...sajajalan ngadua mugia si “kebo” teh cing kuatén hehe. Tirisssssna Pangalengan tos mimiti karaos Hmmm Alhamdulillah dugi oge ka lebah Gunung Malabar nu endah (Disebat Malabar cénah da kusabab eta gunung teh badag pisan lebarna), cénah didinya tea teh tos tereh dugi kanu namina laboratorium Bosscha tea, tapi kami teu kantos kadarinya héla da géning langit tos katinggal rada ceudeum. Nya atuh mung tiasa yu dadah babay wungkul we. Satengah jam Alhamdulillah dugi ka wahana wisata pemandian air panas/ hot water spring Cibolang tea.

Hmm hmm leubeut kadinya ampuuun pinuhna kacida, parkiran laris manis, mayar parkir harita 20 rebu totalna (Bari saur gossip mah pami dinten biasa mah mung mayar dua rebu perak, da bakat ku tiisén cénah), kasempetan tah para pengelola teh nambihan rizki lebaran panginteunna hihi. Beu! gogodég ninggal jalmi nu pinuh ciga sirém kukucuprakan dina kolam. Ti mimiti Budak alit dugi ka sepuh ngarojay didinya. Alhamdulillah simkuring teu ngiringan, da teu nyandak acuk gentosna. heheh Nya atuh kapaksa w ngan tiasa nyobian hiji kolam nu sepi taya nu ngojay (nya puguh we da panas pisan suhuna), ngan sakur tiasa ngantelkén dampal sampean barang sadetik dua detik...cigana mun nyandak éndog bakal asak barang lima menit wae mah langsung tiasa disantap. Saurna eta kolam teh tiasa ngadamangkeun panyawat kulit tur rematik...didinya ge aya fasilitas ngagogo sareng Flying Fox, nambihan mayar 10rebu.


Saparantos karaos rada rileks teras we panasaran, asa nu ngawartosan saurna dilebah luhur gunung teh aya nu namina kawah burung, nya atuh ngajug jug w ka eta tempat, namina ge ngadaki gunung...nanjakna kacida gustiiiii, ngos ngosan teu kiat, sababaraha kali ngarandég istirahat dijalan teh. Alhamdulillah satengah jam dugi ka eta kawah burung, bau balerang ka ambé pisan, ngamatakén liér kana mastaka. Ya Alloh handéél keuseul nu aya dina hate teh, nu ka tinggal payunén soca teh mung sakur babatuan, tenéh koneng jeung balerang. Teu lebih ti lima menit langsung balik arah turun gunung deui hiks...kaduhung antukna mah.

Saparantos dugi ka handap patuangan karaos kukurubukan, tur liér, sesa tadi ngambé balerang tea. Nya atuh lumpat w ka warung nu aya disakitar eta wahana. Teu mendakan nu ngicalan sangu, kapaksa w mung sakur tiasa jajan bakso wungkul. Tilu Jam saparantos warég ninggalan sabudérén Cibolang teh langsung mulih deui ka lembur, da ninggal langit nu ceudeum palaur hujan.

Beu aripekteh énya we uih teh kapegat ku hujan badag ngagébret, namung Alhamdulillahna teh jalan nu ditempuh teh sae, da sanes nyandak jalan Cibeureum deui, tapi nyandak jalan raya Pangalengan Banjaran. Lima kali ééréna ngiuhan di saung saréng payunén bumi batur ngantosan raat hujan, opat jam di jalan Alhamdulillah salamét dugi ka lembur. Kabulusan, tiris ku pangalengan ditambih tiisna hujan nu ngaririncik sapanjang jalan.

Susu nu dihanétkén ku pun ibu, permen susu ti pangalengan nu khas jantén oleh oleh lumayan ngobatan manah :)

Hapunteu Boh bilih aya kalepatan kécap diluhur.

Poto/ gambar diluhur dicandak ti dokumentasi Pribadi, tur nambut ti Web Cibolang.

Cag ah, baktos simkuring

Lilis Mayasari/ LieZMaya.



29 Sep 2009

Pesen Mudik kang Dik Dik


Dina inbox email simkuring (Alhamdulillah nembe kaparios kamari ieuh basa nembe mulis mudik ti lembur Bandung) salah sawiosna nyendong reply nu dikintun ku salah sahiji dulur baraya sunda pembaca satia ieu blog ngacapruk, nyaeta kang Dik Dik Rahmat R., anjena ngawales/ reply email nu dikintun kusimkuring samemeh lebaran, nyaeta samodel kartu ucapan wiljeng boboran nu sacara otomatis di kirim ngegunaken feedburner tea *sok atuh subrice lur!.
eusina kusimkuring copas dihandap ieu, teu dikirangan, teu dilangkungan hehe. Mung hapunten kangge ka saderek kang Dik dik pribados simkuring tacan nyungken widi mosting ieu eusi email...saupamina kaabotan mangga wartosan bae simkuring, insyaAllah bade langsung di delete bae :) Hatur nuhun kangge kintunan emailna.
Image by: DeviantArt.


saupamina wae teu tiasa pasanggrok dina dintenan boboran, rupina wae ulah dugi ka mohokeun silaturahmi.
nu puguh mah, jiga na kabiasaan balik (mudik) dina poe an lebaran ngarupakeun hiji simbol kahirupan. sakumaha urang rek jadi naon, atawa ngumbara ka ujung bumi tetep tumetep dina waktu cunduk mangsa urang teh bakal balik ka asalna.

Ngan hanjakalna, loba nu teu ngarti alias polos kana hartina mudik...... !!
ieu mah katingali ku diri sorangan lain ceuk batur carita teh.

Masih dua poe deui ka lebaran, kuring di pagawean acan pere (da babaturan anu jauh mah ngahaja ku kuring sina pere ti heula).

Tah cumarita wae kuring panggih jeung sarombongan (kaluarga) anu bakal mudik tea meureun ti ditu na mah.
Kuring asa era sorangan, ningali eta rombongan nu mudik (pituin sunda) meni bareda boh basa jeung pokona mah beda lah....!!
dina panampilan anu awewe make riben si manohara tea geuning, leuengeun nu sabeulahna pinuh ku geulang bare ranggem ngadahar buah apel (padahal puasa keneh).
Kuring lain ambek ku babasaan jeung sajabana, keun lah eta mah suka bungah maranehna. Ngan kuring ngarasa kadorong ngageuingkeun dina etika barang dahar, sugan kakarak manggih apel beureum atawa memang ngarasa gaul (tidituna mah modern lah teu puasa). Atah adol diantep teh malah ditambahan ku nu lalaki, geus mah make calana nu kurang bahan ditambah geuning model anu ngahaja nempokaeun calana jero (leuheung mun wedel mah) da eta mah si haram jadol teh make legeg ngaroko (tengah poe).
Kuring teu eleh guprak, ningali tontonan kitu sanajan rombongan kuring teu mundur ari kana ngabebebener kalakuan mah.
Kuring oge ngaroko, geus lah pokokona mah kuring wakca nyarita ka eta rombongan mudik : " ari aranjeun teh jiga na ngaruksak diri aranjeun sorangan, teu ngahrgaan kana usaha anjeun anu kacida lila jeung ayeuna rek mariang baralik tapi hanjakal aranjeun teu pisan boga atikan laku anu bener .... ! Eta mah duka kumaha maranehna langsung caricing, era duka kumaha. Ditambah ceuk kuring teh, tah kuring ge kamamana mamawa rokok, tapi ari keur puasa jeung dina kandaraan mah tara diroko, tuh dina kantong kuring aya bubuahan leuwih seger tibatan anu ku maraneh didalahar......... !! cik... cik ..... ulah
sok adigung jeung.

Duka nepi ka ayeuna kuring teh sok mikir, naha ari kalakuan teh sok rada araneh nya
mun baralik ti pangumbaraan ...? ari ras ka kuring, kuring oge ngumbara tapi asa arera paradah rek make teh, anu cek hate kuring oge bisa. Tapi tetep teu merean.
Geura tingali tuh nu ngarambay dina ceuli bari laleumpang atawa naek motor, sirah gigideugan da nyaruakeun jeung sora lagu/musik. tungtung na sarangeunahna make jalan teu ningali aturan.
Pokona mudik lah, bari jeung teu ngarti oge !
Mudik tujuh mulud
Beres mudik,
teu arudud
nu aya mah jaramedud

wakca ieu mah Tjeu Lies,.......... cing bejaan tah dulur-dulur ki sunda anu make basa " elu, gue, nyokap, bokap " teh ulah sok kamalinaan jeung era wae ku logat nu henteu merenah he...... he........ sinuhun .......



 

Nunutur

Surélék

Daftar Blog Saya

Nu ngalongok