Raih Penghasilan tambahan Jutaan Rupiah!

Voucher iklan autosubmit iklan murah

16 Nov 2009

Gallery Kujang Sunda (Jawa Barat)2

Neraskeun postingan Kujang kamari Alhamdulillah aya respon ti administrator kujangpamor.com langsung, nambihkeun gallery kujang anu langkung lengkep (Hatur nuhun pisan), kumargi seer, ku simkuring dijantenkeun album Gallery bae, sumangga bae saupamina bade copy paste gambar atanapi content wajib nyeratken sumberna, nyaeta: - Kujangpamor.Com -


Teu hilap dihandap ieu aya katerangan nami - nami bagian tina KUJANG nu langkung jentrena:

Kujang_Abah_2 Kujang_Abah1

- Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya -

Gambar: Kujangpamor.com (Kang Igus nurapratama), Hatur nuhun pisan. Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.



15 Nov 2009

Kujang Sunda (Jawa Barat)

kujang1-bodas kujang2-bodas

Kujang nyaéta hiji pakarang nu mandiri nu asalna ti wewengkon Jawa Kulon. Kujang munggaran dijieun kira-kira abad ka-8 atawa ka-9, dijieun tina beusi, waja sarta bahan pamor, panjangna kira-kira 20 nepi ka 25 cm sarta beuratna kira-kira 300 gram.

Kujang mangrupa pakakas anu ngagambarkaeun kaseukeutan sarta daya kritis dina kahirupan ogé perlambang kakuatan sarta wawanén pikeun nangtayungan hak sarta ngadegkeun bebeneran. Dina jaman bihari pakakas ieu ngan dipaké ku golongan tinangtu nyaéta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, panengen, golongan agamawan, para putri sarta golongan kaum wanoja pinilih, sarta para kokolot.

Dina Wacana sarta Khasanah Kabudayaan Nusantara, Kujang diaku minangka pakarang tradisional masarakat Jawa Barat (Sunda) sarta Kujang dipikawanoh minangka pakarang anu ngabogaan nilei sakral sarta miboga kakuatan magis atawa kakuatan ghoib. Sabagian nu naliti nyébutkeun yén istilah Kujang asalna ti kecap Kudihyang jeung akar kecap Kudi sarta Hyang. Kujang (ogé) asalna ti kecap Ujang, anu hartosna manusa atawa jelema. Manusa anu sakti lir ibarat Prabu Siliwangi. Manusa anu sampurna dihareupeun Alloh sarta miboga derajat Ma'rifat anu luhur.

“…Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit, wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara ngaraksa. Kujang the dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur galur nu cacatur, kujang dua pangadekna…”

Ampir sabagian ti masyarakat Jawa Barat apal kana kujang. Tapi, teu loba ti maranéhanana anu nyaho leuwih jero latar sajarah atawa simbol - simbol hartian di balik kujang (kalébét simkuring pribados pangintén hiks...). Kujang ngan nu di pikanyaho teh ngan saukur sawatés sajenis pakarang has Sunda jéng wangun anu ngabogaan tungtung nu seukeut/ runcing. Saleuwihna meureun, Kujang ngan dipikanyaho minangka lambang pamaréntah Propinsi Jawa barat wungkul atawa sanjata khas Sunda.

kujang-liezmaya

Alhamdulillah dugi ka deungeut ayeuna sanajan teu acan ngagaduhan Kujang dibumi “sakadar kangge cindera mata hiasan dina tembok tapi simkuring parantos ninggal tur nyépég langsung eta sanjata has sunda teh” basa dina kasempetan ngiriungan ririuangan di Bandung, buatana Bapak Hadian Wasita Saleh – Dosen ITENAS (Institut Teknologi Nasional), atanapi nu akrab disapa Kang Hadian, sareng simkuring gaduh dua tawis katinéng “leres kitu istilahna? Hehe” dua Bros kujang warna emas ti salah sawios pangurus situs www.kujangpamor.com , hatur nuhun :P

CIMG0318

CIMG0319

Mangga saupamina para dulur – dulur ngagaduhan minat hoyong terang langkung jero ngenaan Kujang tiasa ngabujéngan bae situsna di Www.kujangpamor.com sakantenan tiasa oge pesen/ balanja online kujang dina situs pengembangan budaya kujang eta.

Cag ah, InsyaAlloh sanes waktos dicukruk langkung jero.
Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar: Kujangpamor.com (Kang Igust nurapratama, dokumentasi simkuring pribados.Sumber ti sababaraha rujukan Website dina Google

Hapuntén boh bilih aya kalepatan dina artikel nu parantos disérat ku simkuring diluhur.



7 Nov 2009

Download Mp3 Kacapi Suling



Postinga ieu mung sakur bade masihan sakedik bongbolongan...Mangga boh bilih aya para wargi sadaya nu meryogikeun download kacapi suling Jaka sunda, kacapi suling Cianjuran, Kacapi suling Gupay Sarakan, kacapi suling suara parahyangan, kacapi suling sabilulungan, kacapi suling album kotras suling, kacapi suling Arum bandung, tengah peuting, es lilin, bajing luncat, jeng sajabana...tiasa langsung tepangan bae kaca http://tinyurl.com/kacapisuling

Image: Kabumi.Org


31 Okt 2009

Bobodoran Sunda: Mahugi

Si nini olohok mata simeuteun basa ningali siaki ngadadak jadi gagah tur gandang, make calana jin belel lebah tuurna ngahaja cena ewol ewolan, kaluhurna make kaos oblong anu aya tulisan,

"Urang sunda ulah heuay wae EUY!" hadiah agustusan ti cep Kendi anu gaduh kios di jalan Suci. Sirahna dibengker ku slayer warna bodas polet beureum, make kacamata cengdem meunang meuli ti padagang asongan anu mangkal di terminal Cicaheum.

"Anjiir aki meni edun kitu, nek kamana ki ?" tanya sinini. "Puguh aki teh nek lalajo arak arakan tujuh belasan ka alun alun !" tembal siaki bari singkil.

"Har pan arak arakanana ge lila keneh, alesan we...boa boa nek nguliwed siaki mah !" sinini curigeisen.

"Puguh meumpeung salse, jeung deui meungpeung alun alunna lowong keneh, bari sakalian nek nepungan cep Kendi nek ngaralat ukuran kaos nu dipesen, da sugan teh aki teh lintuh boro boro pesen ukuran XL bule, sihoreng teh ukuran S ge logor !"

"Mangkana ari jadi jalma kudu ngukur kakujur !"

"Heueuh..rarasaan teh ngora keneh,tapi najan casingna geus peot, ari ringtone-na mah,aki teh masih ngoncrang keneh, tahan banting deuih ngalawan abg lima aki teh sanggup keneh !"

"Hmmh...jig jig kadituh ari nek indit mah ulah loba pancarakem !" ceuk sinini bari jebi. Gandeang siaki muru ka pipir nuju ka tempat cocoanana anu diparkir di gigireun paranje, gerung gerung nyelah harley davidsonna, ceklak ditaekan,knalpotna mulek ngaluarkeun aseup minuhan jalan anu kaliwatan. Diparapatan ngarandeg sakeudeung, terus rurat reret ka lebah gardu ronda paragi barudak ngumpul ngadon garigitaran.

"Tuh geuning cep Kendi kabeneran pisan !" gerentes siaki bari muru gardu.

"Akiii..ha wa yu aki ?" ceuk cep Kendi satengah ngagorowok. "Ari awak mah cageur cep...ngan kahayang loba keneh anu can kalakonan ieu teh!".

"Nya hoyong naon deui atuh ki, harta aki mah tos balatak, incu pon kitu deui, hoyong naon deui ?"

"Lain kitu euy...pan nagara urang teh geus merdeka 58 taun lilana, tapi hasil tina kamerdekaan eta geuning can walatra,balukarna aya nu hayang pisah ti RIT,ahirna geuning papasean we jeung dulur sorangan, tah aki teh embung ningali nagri urang nu meunang hese cape ngarebut ti leungeun panjajah nepi kaayeuna ngan pakucrut wae, kieu kieu ge aki teh baheula ngilu barjoang najan modal ngan ukur bedil angin buatan Cipacing,tapi ku tangtara nipon mah aki teh dipikagimir !"

"Percanten ari kitu tea mah...ari aki teh bade kamana ?" cep Kendi unggut unggutan dituntungan ku nanya ka siaki.

"Puguh aki teh ngahaja nek ka hidep bari sakalian JJS,tapi kaparengan papanggih didieu !"

"Aya peryogi naon kitu ?"

"Nek ngaralat pesenan kaos tea, tina XL ganti ku S leungeun pondok hiji, tah ditambah ukuran M lima siki mah !"

"Nya nu limana kanggo saha ki ?"

"Ssstt..tong tarik teuing bisi kadengeeun ku sinini...kamari teh dipengkolan jalan aya nu kulap kelep we ka aki, meh tereh ngagentewel nek dipahugi kaos itung itung kenang kenangan!"

"Ari sesana ?"

"Sesana jeung mahugi oge, mun engke aya wanoja datang dina kongres... sakali deui omat ulah rea beja ka si nini... gawat !"

"Ari eta saha nu tukangeun aki...?" ceuk cep Kendi serengeh bari nunjuk kanu ngabedega bari mulak cangkeng.

"Balik siah...aki aki tujuh mulud !" sinini kekerot bari ngajiwir ceuli siaki.


ketawacom_logo09Hauahahaha nyeri kulit patuangan, mangga bilih bade ngaos bobodoran sunda nu sanesna lumpat bae ka Ketawa.Com



27 Okt 2009

Pacici - cici Putri, Kaulinan Barudak Sunda

kembang warna bungur
Ieu gambar teu nyarambung sareung topik Neng?
Muhun wiosnya...da sabab teu gaduh poto ramo - ramo panangan anu nuju anyang - anyangan pacici cici putri atuh da...sakanteunan narsis majang ramo panangan leuntik simkuring nyepengan kembang warna bungur basa amengan ka Bogor :P *haha tong sirik*

Inget mangsa katukang basa kuring olol leho keneh *can aya nu bogoheun harita teh haha* jéng babaturan teh sok loba kaulinan nu dipika resep teh, mun bosen nu ieu, nya ganti ku itu, mun bosen nu itu kari w ganti ulin nu itu. Tah ulinna mun paréng istirahat sakola atawa balik sakola samemeh indit sakola agama atawa ngaji ka masjid. Tataros ka mang google mendakan postingan edun ieu, mangga di aos bae...derrrr ah barudak!
Bada Isa Mang Sa'i diuk di tengah imah bari ngabaheuhay, sukuna nyanghunjar lambar, ngareureuhkeun capé tas baranggawé. Pamajikanana keur ngécos, ngérodan baju barudak na deukeut cempor.
"Cing Inah aya kénéh bubuy sampeu téh?" Mang Sa'i ka anakna nu cikal, anu umurna nincak 8 taun jalan.
Inah ngaléos ka dapur, hideng mangnyokotkeun bubuy sampeu tina catang hawu, citéh haneut dina téko jeung gula beureum meunang ngurud, dipiringan. Golosor dikahareupeunkeun bapana.
Indungna jongjon kékécos, bapana jongjon ngopi cacamuilan, bubuy sampeu dicocolkeun kana kurud gula disurung ku citéh haneut. Sakeudeung sakeudeung diselang ku imut ngagelenyu, ngadéngé barudakna sadulur-dulur, Inah, Titi jeung Didi ngariung di juru imah, anteng pacici-cici putri. Pikaseurieun ku kekecapan Inah, anu jadi luluguna.
Inah jeung Titi diukna émok, Didi sila andekak.

Dampal leungeun Titi jeung Didi disodorkeun duanana kénca-katuhu, ditangkubkeun sina antel kana palupuh, tuluy ditunjukan, ditetel-tetel ku curuk Inah bari ngawih:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa........?"
"Hayang kembang naon?" cék Inah nanya ka Titi bari nyekel kana leungeun katuhu Titi.
"Hayang kembang sebé........!" témbal Titi.
"Heeh........kabogohna ka anak Mang Lebé ... !" ceuk Inah bari tuluy nyekel leungeun katuhu Titi téa sina nyangsang kana taktak.
"Héhéhéh........" Didi seuri. “Aduuuh........ kabogohna anak Mang Lebé cenah .... ! Héhéhéh ....”
"Keun baé atuh, naha........!" cék Titi anu boga rasa dijangjaruhkeun, bari seuri merong ka Didi.
"Sok urang tuluykeun........!" cék Inah bari ngawih deui:
"Pacici-cici putri
térélék kembang celempung ada nona ada tuan
kalau mau kembang apa?
"Hayang kembang naon?" bari nyekel leungeun Titi nu kénca.
"Hayang kembang bakung........!" cék Inah bari menerkeun leungeunna sina nyekelan taktak anu sabeulah deui.
"Heeh, kabogohna Tua Kampung."
"Sing rékép nya, ulah lésot! Ayeuna kari Didi"
Pek deui Inah ngawih saperti tadi ditungtungan ku nanya, "Hayang kembang naon?"
"Hayang........hayang........hayang .... kembang hérbras!" Didi ngajawabna rada agag-agagan.
"Heeh........alus, kabogohna urang Cibodas!" Didi jigrah, bari reureundeukan, tuluy nyangsangkeun leungeun kéncana kana taktak katuhuna, miheulaan parentah lanceukna nu ngaluluguan.
"Sok hiji deui, leungeun Didi nu kénca, encan..," cék Inah bari ngong ngawih deui. Tamat ngawih, pok nanya deui, "Hayang kembang naon?"
"Eu........eu........hayang kembang jalantir........!"
"Tah, kabogohna anu musapir!" témbal Inah.
"Ah embung nu musapir mah, da urang mah hayang beunghar!" cék Didi bari nyentak ka lanceukna.
"Heeh, heug, ganti atuh........jaga bakal jadi supir........!" cék Inah. Didi seuri atoh, indung bapana patingbelenyéh, kayungyun.
Sanggeus Titi jeung Didi pada-pada nyarangsangkeun leungeunna kana taktak masing-masing, tuluy Inah nanya deui ka Titi bari nyampaan siku, sirah, irung, panon, halis jeung buuk Titi.
"Ieu naon?" cék Inah kana siku Titi.
"Congcot!" témbal Titi.
"Ieu?" kana sirah.
"Gunung!"
"Ieu?" kana irung.
"Hawu!"
"Ieu?" kana panon.
"Lampu!"
"Ieu?" kana halis.
"Hileud!"
"Ieu?" kana buuk.
"Sapu!"
Geus kitu Titi téh sina meungpeun ku dua leungeun tuluy ditanya deui ku
Inah, "Nini! Nini! Aya Mas Giman bieu ngaliwat?"
"Aya!" témbal Titi.
"Mawa naon?"
"Mawa nangka........!"
"Nangka........raaaak........!" cék Inah bari ngajengkangkeun Titi sina nangkarak.
Barudak saleuseurian tingbarakatak. Tuluy deui Inah nanya ka Titi anu geus meungpeun sakali deui, "Nini ! Nini ! Aya Mbok Ayu bieu ngaliwat?”
"Aya!"
"Ngagandong naon?"
"Ngagandong jajamu!"
"Jamu........rauuuulll!" cék Inah.
Tuluy Titi disurakan ku Didi, "Euleuh jamuraul! Euleuh teu boga kaéra!"
"Keun baé da bobodoan barina ogé, naha........!” ceuk Titi.
"Ayeuna Didi" cék Didi bari nangkeupkeun leungeun kénéh kana taktakna sina ditataan ditanyakeun naon-naonna, tina siku dipapay nepi kana buuk ku Inah, saperti basa ka Titi. Tamat éta, Didi tuluy meungpeun, terus ditanya ku Inah, "Aki! Aki! Aya Mang Usa bieu ka dinya?"
"Aya........!"
"Nanggung naon?"
"Nanggung gula!"
"Gu........la........wing........!" Inah nyekelan leungeun Didi duanana, tuluy digulawingkeun, dijangjang-dijungjungkeun, bari nangtung.
"Aduh! Aduh! Nyeri, mani ngaderekdek ....! Luhur teuing ngajungjungkeunana Si Euceu, siah .......!” cék Didi bari lewa-lewé.
"Sugan téh teu nyeri. Maap, nya, kalepasan!” Cék Inah. “Ganti baé ku tatarucingan, saha nu pinter neguhna, cing........" Inah ngabangbalérkeun Didi anu rék ceurik téa.

Kaulinan Barudak Sunda Dina Wanci Burit.

Versi tembang Kaulinan Pacici cici putri teh bentén – bentén da, sapertos simkuring basa alit mah lirikna teh,
“Pacici cici putri, si putri anteur ka cai...
Ah embung...ah embung sién aya nu kamari”
kitu taaaah.
Duh hatur nuhun pisan yeuh meni asa ku waraas nyeblak kana hate, carita duluhur di candak ti sunda Blogger.


24 Okt 2009

Gelo Ku Anu Kagegeloan

“Ieuh, ari maneh daek kawin ka si Nendah teh naha kusabab naon?” tanya Bi Ecin
“Naha kitu bi?” tembal Jang Riki
“heu ibi mah ku ho’okeun we maneh ujug – ujug bét daek, pan ti baheula teh maneh keukeuh embung dijodokén ka budak eta téh”
“Ah teu kunanaon bi, ngan babalik pikir we...asa era karunya ka manehna nu ti bahéla teu bosen – bosenna nungguan Iki”
“Naha kumaha atuh jéng si Neng Eulis?”
“geus bi ah tong nyeubut – nyeubut deui ngaran si Eulis bi....liér!” Jang Iki tuluy ujung – ujug ngaléos ti dapur ngajauhan Bi Ecin
“Haar rek kamana atuh Jang? Ieu sangu gés asak, urang tuang”
“Ka bumi Oni heula, rek mulangkén PSP”
“Burukénnya, bisi kaburu tiis” Bi Ecin ngingetkeun.
“Muhun...” tembal Jang Riki, bari tuluy manehna teh nyokot PSP ti kamar ngabélécét ka luar nutupkeun panto rada tarik luncat ka imah Jang Oni babaturanana.

Jang Riki atawa nu sok disebut Iki teh nyaeta anak kukutan Bi Ecin ti umur sapuluh taun, saprak bapana maot gara – gara sok mabok. Indungna Jang Iki nu ngarana Epong nu kabeneran ngabogaan rupa nu gélis téh tuluy nekad indit ka Arab jadi TKW ninggalkeun Jang Iki ka bi Ecin, unggal dua bulan sakali sok dikiriman duit jang kaperluanana. Nincak Umur 20 taun indung Jang Iki tuly maot gara – garana jadi korban kabiadaban dununganana di Arab.

Sabulan deui Jang Iki geus boga tekad rek kawin jeung Neng nendah, manehna dilamar ku bapana Neng Nendah, heu memang ilaharna mah lalaki nu ngalamar awéwé, tapi da karna ku kaayaan Neng Nendah nu kacida mikabogoh Jang Iki nepika ceuk paribasana mah “kagegeloan” kapaksa kulawargana Neng Nendah teh sababaraha kali menta Jang iki pikeun narima cinta Neng Nendah.

Tadina mah Jang Iki teh kékéh embung kusabab hatena gés nyantel ka Neng Eulis nu dipicéngcém ti lélétik, ngan hanjakan Neng Eulis teh basa minggu kamari menta putus ti Jang Iki ku gara – garana geus teu bogoh deui ceunah.

Jang Iki narima cinta Neng Nendah ku hiji pasaratan, nyaéta lamun éngke gés kawin jéng manehna, Neng nendah kaasup kulawargana tong kabeuratan mun manehna rek nyandung deui ka awéwé nu lian. Nya kapaksa dalah dikumaha bapana Neng Nendah, kaasup Neng nendah teh nyatujuan eta pasaratan.

Hiji poé Neng Nendah balik ti pasar gés meuli jang bahan babawaén ke kawin, dijalan Neng Nendah dicegat ku parampok, tuluy kusabab ninggali rupa Neng Nendah nu Endah gélisna, jéng kabeneran harita Neng Nendah indit nyorangan make baju nu seksi nu eces ningalikén cetakan imbitna nu bahenol nerkom nya ku parampok eta teh tuluy dirajéngan, dipaksa ngalayanan nafsu edan eta tilu parampok. Tapi kusabab Neng Nendah teu sudi, tuluy manehna teh tuluy ngalawan nepika sanggésna dibacok nepi ka ilang nyawana.

Jang Iki tuluy jadi nyorangan...hatena teu wéléh ngarasa salah kacida ka Neng Nendah, kusabab harita teh manehna nolak nganteur Neng Nendah ka pasar, sédéngkeun Neng Eulis ayeuna geus indit ka luar nagari dibawa ku salakina. Paripolah Jang Iki nu plinplan tur “asa aing” téh tungtungna karandapan goreng mamala kér manehna sorangan. Manehna nyumpahan diri sorangan, sapanjang hirup dumeulah di alam dunya ieu moal deui – deui bobogohan atawa kawin jéng batur, ayeuna manehna katelah disebut bujang tunggara.


Mugia carita karangan simkuring diluhur tiasa dicandak tur dipetik hikmahna..."naon we lah teu langkung nu maca hehe *pisss ah".
Hapuntén boh bilih aya nu kaabotan, teu aya maksad sanes, iwal ti sakur hoyong nyerat dina tengah wéngi ieu, sabab hese peureum nyeri gugusi hiks :(


Baktos simkuring,
Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Bekasi 24/10/2009.


21 Okt 2009

Anjeun - Puisi titipan kang Haidar Pasundan


Anjeun

Ayeuna kuring ngarasa nyorangan.
Teu ngarti naon anu geus kajadian
Teu kabayang anjeun rek indit
Ninggalkeun kuring sorangan

Ayeuna kuring sadar
Cinta teu kudu ngapimilik
Teu nyangka, seuri, ceurik jeung hereuy anjeun
Harita keur anu pamungkas.

Kenangan rek disimpen dina hate
Ngan teu bisa kapimilik
Anjeun geus milih jalan anu tangtu
Jalan anu moal pernah balik deui

Dina hate anjeun kuring cicing,
Dina hate kuring anjeun cicing.

Ayeuna kuring kudu ngalepaskauen anjeun,
Mang rebu rebu hampura jeung nuhun,
Pengorbanan anjeun, moal dileuleungit ku kuring
Anjeun janten suhada, Nuhun Ya Allah

By Haidar pasundan...
bari sedih iyeu teh ngarangna, sedih anu teu apal iraha wanci panungtungna....

Image by: DeviantArt.


20 Okt 2009

Lembur Kuring Kacamatan Arjasari/ Ardjasari


Arjasari nyaéta lembur kuring nu nyingkur ti kota, tempat dimana kuring digedekeun, nyiar elmu ti leuleutik nepi ka ayeuna manjang hirup sakulawarga.

Arjasari/ Ardjasari nyaéta ngaran salah sahiji kacamatan nu aya di Kabupatén Bandung, Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Kaasup wilayah lebaheun Soreang.
Desa nu kaasup kana wilayah kacamatan Arjasari nyaeta: Ancolmekar • Arjasari • Baros • Batukarut • Lebakwangi • Mangunjaya • Mekarjaya • Patrolsari • Pinggirsari • Rancakolé • Wargaluyu. Ekonomi masyarakatna masih keneh menengah kahandap, profesi lolobana nyaeta patani jéng pangdagangan hordeng/ gordin nu diicalan ka luar kota/ luar pulau jawa.





Sawah tur gunung masih keneh harejo, diapit ku gunung Geulis, sering dijanténkén trek jalur olah ragi sasapedahan, sabab ku mudun jéng nanjakna lumayan nantang. Daerah lahan pertanian lebah pinggir sari sering dijanténkén tempat praktek pikén praktek calon insinyur pertanian.
Salian ti pertanian oge Arjasari aya sababaraha peternakan penghasil hayam jéng susu sapi.
Dumasar kana ingfo ti Google.Com Arjasari teh koordinat pernahna teh di:
UTM : YT91
Geographical coordinates in decimal degrees (WGS84)
Latitude : -7.056
Longitude : 107.646
Geographical coordinates in degrees minutes seconds (WGS84)
Latitude : -7 03' 20''
Longitude : 107 38' 47''.
Link Google tiasa dipilari di Google Map arjasari.
InsyaAllah kapayuna bade di teraskén ngenaan ingfo pilemburan simkuring nu leuwih lega deui.

Baktos: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



 

Nunutur

Surélék

Daftar Blog Saya

Nu ngalongok