Raih Penghasilan tambahan Jutaan Rupiah!

Voucher iklan autosubmit iklan murah

8 Jan 2010

Carita pangbagea, Wilujéng tepang taun



Tepung kana panumbu waktu, dina tapak rumingkangna mangsa. Nya harita pisan anjeun mimiti gelar ka alam dunya, kersaning nu Kawasa. Sora anjeun nu munggaran, ngajomantara ka kaanggangan. Iber bewara, mawa beja. Hiji deui incu-putu Adam-Hawa, ngamimitian lengkah dialam fana. Teu karaos salira tepung deui jeung milangkala poé ieu.

Geura sujud ka nu Maha Agung, geura muja ka nu Maha Kawasa. Syukur nu teu putus-putus, hamdallah di unggal lengkah. Hatur rebu nuhun kana umur, narimakeun yuswa kalayan sugema. Renghap-renghap nu kaliwat, mugia sing jadi kifarat. Balaka rumasa loba dosa. Isukan nu masih nyesa, masing aya dina kaberkahan.

Kapungkur, anjeun ngan ukur sirung, ayeuna hegar ligar jadi tangkal nu kuat ajég najan katebak angin. Cing sabar ngajalanan tapak kahirupan, sami waé sadaya ge ngarandapan cocobi.

Wilujéng milangkala akang. citrestna du'a simkuring...Mugia aya dina jembar kawilujengan.

Bekasi, Jum'ah 08 Januari 2010.
Dina wanci haneut moyan.
- Bantos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya
- Potret: pamasihan tinu nonggongan


7 Jan 2010

Sangkuriang

legenda sangkuringSangkuriang atawa Sang Kuriang nyaéta sasakala anu asalna ti Tatar Sunda. Sasakala kasebut nyaritakeun jadina situ Bandung, Gunung Tangkuban Parahu, Gunung Burangrang sarta Gunung Bukit Tunggul.

Dumasar kana sasakala kasebut, dicaritakeun yén Raja Sungging Perbangkara indit moro. Di tengah leuweung Sang Raja miceun cai mani anu murag kana daun "cariang" (taleus leuweung). Hiji babi leuweung bikang nu ngaranna Wayungyang anu keur tatapa hayang jadi manusa nginum cai mani tadi. Wayungyang reuneuh sarta ngalahirkeun orok nu geulis. Orok geulis éta dibawa ka karaton ku bapana sarta dibéré ngaran Dayang Sumbi landihan Rarasati. Réa raja anu ngalamar Dayang Sumbi, tapi saurang ogé euweuh anu ditarima. Tungtungna para raja silih perangan, sedengkeun Dayang Sumbi nyingkurkeun diri ka hiji pasir dibaturan ku hiji anjing jalu nyaéta si Tumang. Hiji mangsa sabot anjena keur uplek ninun, toropong anu keur dipaké ninun kaén ragrag ka handap. Alatan ngarasa haroréam capé, Dayang Sumbi ngedalkeun kecap-kecap anu teu dipikir panjang leuwih tiheula, manéhna jangji yén saha ogé anu mangnyokotkeun toropong anu ragrag eta, lamun lalaki baris dijadikeun salakina sedengkeun lamun awéwé bakal dijadikeun dulur. Nya singhoreng teh Si Tumang mangnyokotkeun toropong eta terus w dibikeun ka Dayang Sumbi. Nya kapaksa we daék teu daék Dayang Sumbi téh ahirna ngajadikeun si Tumang salakina néepi ka ahirna ngalahirkeun orok lalaki nu dibéré ngaran Sangkuriang.

Hiji mangsa kacaritakeun Sangkuring ngadon moro moro di jero leuweung néang sasatoan jang dipasakeun ku indungna Dayang sumbi, manéhna nitah si Tumang pikeun ngudag babi bikang Wayungyang. Alatan si Tumang henteu nurutkeun maehan mitohana, mangka dipaéhan we atuh ku Sangkuriang teh. Kagok kitu tuluy haté si Tumang ku Sangkuriang dibikeun ka indungna, atuh ku indungna atoh anu tuluy diasakan sarta didahar ku Dayang Sumbi. Teu lila Sanggeus Dayang Sumbi nyaho yén anu didahar téh haté si Tumang, manéhna kacida ambekna tuluy nakol sirah Sangkuriang ku siwur anu dijieun tina batok anu ngabalukarkeun tatu kusabab gés maehan bapana sorangan (najan teu nyaho), tuluy Sangkuring teh di usir ku indungna.

Sangkuriang indit ngumbara ngurilingan dunya. Sanggeus sakitu lila leumpang ka wétan ahirna manéhna mecenghul di kulon, teu sadar yén manehna geus anjog deui ka padumukan Dayang Sumbi. Sangkuriang henteu apal yén putri geulis anu kapanggihna nyaéta Dayang Sumbi – indungna (Dayang sumbi aya nu maparinan elmu pikeun abadi ngora salalawasna/ moal ngolotan). Sangkuriang jeung Dayang Sumbi silih pikaasih sarta silih mitresna. Hiji mangsa teu kahaja Dayang Sumbi nempo urut tatu dina tarang Sangkuriang sahingga nyaho yén Sangkuriang téh anakna sorangan, nya atuh kapaksa manehna kudu megatkeun tatali asih. Cacak kitu Sangkuriang tetep maksa ngajak lakirabi ka Dayang Sumbi najan manehna gés nyaritakeun yén Dayang sumbi teh indungna, Sangkuring teu percaya kusabab Dayang sumbi masih keneh ngora saumuran jeng manehna jagjag beléjag tur geulis kawanti - wakti. Barung ku kabingung tungtungna Dayang Sumbi ménta sarat nu pamohalan mustahil bakal kacumponan ka budakna eta, nyaéta nitah sangkan Sangkuriang mangnyieunkeun parahu sarta situ dina waktu sapeuting ku cara mendeut walungan Citarum, tuluy Sangkuriang nyanggupan ieu sarat.

Mangka Sangkuriang nyieun hiji parahu tina hiji tangkal anu tumuwuh di béh wétan, tutunggul tangkal éta robah jadi gunung Bukit Tunggul. Régangna ditumpukkan di palebah kulon sarta jadi Gunung Burangrang. Ku bantuan para guriang, bendungan ampir réngsé dipigawé. Dayang Sumbi reuwas, terus mendeko munajat ka Sang Hyang Tunggal ambéh maksud Sangkuriang henteu kabiruyungan. Dayang Sumbi ngahibar-hibat heulayan boéh rarang (lawon bodas hasil tinunanna), anu temahna ngahasilkeun cahaya caang jiga panonpoé nu rek meleték di béh wétan. Sangkuriang jadi ambek, dina puncak amarahna, bendungan anu aya di Sanghyang Tikoro dibedol, cocok (tutup) kamalir walungan Citarum dialungkeunana ka arah wétan sarta ngajanggélék jadi Gunung Manglayan. Cai Talaga Bandung ogé jadi surut deui. Parahu anu dipigawé kalawan hésé capé ditalapung ka arah kalér sarta robah wujud jadi Gunung Tangkuban Parahu.

Sangkuriang terus ngudag Dayang Sumbi anu dumadakan ngiles di Gunung Putri sarta robah jadi sagagang kembang jaksi. Sedengkeun Sangkuriang sanggeus nepi ka di hiji tempat anu disebut Ujungberung tungtungna ngiles ka alam gaib (Ngahiyang).

Cag ah,
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya
Dicandak ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda – gambar (siicoklatlovers.wordpress.com)



5 Jan 2010

Munjungan

PICT0052

Ke lur, apal teu naon artina ari “Munjungan” teh?

Munjungan nyaéta hiji tradisi urang sunda ngalakukén “kunjungan” ti kulawarga awéwé sanggés akad nikah/ walimahan atawa nyemah ka imah kulawarga lalaki bari babawaan rantang nu di eusi ku tuangén tumis, sangu, daging, jst. Atawa disebutna kakarén tea sakalian bari silaturahmi pikén ngawawuhan jadi duduluran anyar ku lantaran gés patali lalaki rabi bari mawa dulur – dulur (kulawarga besar) rame – rame béh afdol haha *ngartos teu nya?.

Tapina da ku jaman kiwari mah gés langka ieu tradisi sunda dilaksanakeun téh sabab rariwéh atawa memang kurang biaya, atawa memang hoream, atawa kurangna waktu jang iinditan, naha ti kulawargana, atawa ti pangantena langsung (sosonoan kenehnya mérén hehe), hmm tapi di lembur simkuring mah tradisi ieu teh masih keneh dilaksanakeun. Si dulur nu kaampihan (pihak kulawarga lalaki) teh kudu siap – siap nyadiakeun bébékélan walesan (lamun aya) samodel parabot dapur, baju, kaen samping, beas, atawa naon baé nu sakirana pantes kapake jang milu mauran békél jang hirup eta panganten saterusna, kaasup oge ngeupeulan ampop nu di eusian tangtuna!

Kungsi baréto basa kuring leutik keneh (jaman SD) babaturan kuring nyaritakeun ka kuring yen manehna miluan munjungan ka hiji daerah beh kidul nyaéta Kuningan (bener kitu kidul?). Tah da ku sabab daerah maranehna teh kakaraeun kaampihan tradisi kitu, nya ku pangantén lalakina teh dititah mahanan balik eta kakaren...nya urup’ap eureup’eup atuh maranehna téh. Tapi da ku sabab kaayaan jalma nu bisa disebut benghar, nya atuh sagala rupa dibahankeun waktu harita téh. Ti mimiti beubeutian, bungbuahan, lauk, hayam, kaen batik, songkét, malahan mah émas sagala rupa dibikeun!….Hahay sadulur – dulur, tatangga teh atuh pada gareunjleung (dasar di kampung rame ku gossip tea), ceunah pada ngaromongkeun yen si teteh panganten awéwé téh “aya milik” ceunah.

Tapi kungsi ogé aya dulur kuring nu awéwé kawin ka lalaki nu masih kasebut sa-daerah kénéh geunjleung oge di omongkeun yen manehna teh goréng milik, ku sabab manehna teu dipulang babahanan. Atuh da boro – boro tega rék nyokot bonteng nu ngan sakur aya saboboko nu diasongkeun ku bibina eta, da jang daharna sorangan ge kurang keneh, manehna hirup nyorangan éwéh nu ngayuga, nu aya mah kuduna gé diberean.

PICT0046

Naha géning jalma teh masih keneh ngabogaan gaya “kolot”...”kolot” dina arti pangukuran kana kadunyaan. Lamun loba duit, boga kadudukan tur jabatan maranehna dihargaan lir ibarat juragan turunan ningrat, tapi sabalika lamun anu balangsak sangsara langka nu ngan sakur diarajenan wungkul!!! sanajan manehna keur katali ku umur kolot nu sakuduna dihargaan sakumaha kokolot nu luhur, ngan sakur ditilik ku sabeulah mata.

Gara – gara munjungan, loba nu ninggalkeun “kesan” munggaran nu goreng, ku lantaran teu bisa mere pamulangan nu hadé!

Cag ah, hampura boh bilih aya catur basa nu matak teu génah kana manah.

Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Potret2 basa munjungan – cir ah!



2 Jan 2010

Ngaran – Ngaran Wanci

Janari leutik = tabuh 01.00 - 03.00
janari gede = tabuh 03.00 - 04.30
balebat = tabuh 04.30
carancang tihang = tabuh 04.30 - 05.00
rebun - rebun = tabuh 05.00 - 06.00
haneut moyan = tabuh 07.00 - 08.00
pacar sawed = tabuh 09.00 - 10.00
ramangsang = tabuh 11.00
manceran = tabuh 12.00
lingsir ngulon = tabuh 13.00
panon poe satangtung = tabuh 15.00
tunggang gunung = tabuh 16.00 - 17.00
sariak layung = tabuh 17.00 - 17.30
harieum beungeut = tabuh 18.00 - 19.00
sareureuh budak = tabuh 19.00
sareureuh kolot = tabuh 21.00
teungah peting = tabuh 24.00

# waktu sejena
sakdet netra = (sakedep netra), kedet=kiceup, nya eta nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan.
sakiilat = waktu anu sakeudeung pisan
sapangnyepuhan = nuduhkeun waktu anu teu sabaraha lilana kira-kira sarua lilana jeung anu keur nyepah
sapangejoan = waktu anu rada lila salila anu keur ngejo (nyangu)
samur jagong = kira - kira tilu bulan setengah
sataun landung = satuan leuwih
sawinsu = delapan tahun
seabad = seratus tahun

# waktu sejena
poe ieu = ayeuna
poe an geus kaliwat = kamari
poe sanggeus kamari = mangkukna
poe anu bakal datang = isukan
sapoe sanggeus isukan = pageto
waktu nu cikeneh karandapan = bieu
waktu nu rada lila kaliwat= tadi
waktu nu lila kaliwat = bareto
waktu beh ditueun bareto = bahela
waktu nu sakeudeung dei bakal karandapan = engke
waktu nu bakal datang = isuk, jaga, isuk jaganing pageto.

Ti: Kajembaran Basa Sunda (saursepuhkangna.blogspot.com)
Baktos simkuring, Lilis Mayasari/ LieZMaya.



31 Des 2009

Muhamad Musa

tangkuban parahu-liezmaya Muhamad Musa, atawa, mun lengkep jeung gelarna, Radén Haji Muhamad Musa (1822 - 10 Agustus 1886), pangarang nu ngaluluguan kasusastran citak Sunda, ulama, sarta inohong Sunda abad ka-19.

Muhamad Musa dibabarkeun di Garut salaku turunan ménak, anak Radén Rangga Suryadikusumah, Patih Kabupatén Limbangan. Munggaran meunang atikan formal ti pasantrén di Purwakarta. Geus kungsi munggah haji ka Mekah nalika ngora, diajak ku bapana. Kungsi nolak tawaran Pamaréntah Hindia Walanda sangkan jadi kapala gudang, anjeunna milih widang kaagamaan. Sanggeus jadi panghulu, taun 1864 anjeunna diangkat jadi panghulu besar (Wal. Hoofdpanghoeloe) Kabupatén Limbangan nepi ka maotna.

Muhamad Musa sosobatan dalit pisan jeung K. F. Holle, pangusaha perkebunan entéh bangsa Walanda di Cikajang, nu naséhat-naséhatna ngeunaan bangsa pribumi (utamana Parahiangan) ka Pamaréntah Hindia Walanda diaku/dipercaya pisan.

Dalitna Musa jeung Holle nguntungkeun Musa, utamana tina campur gaulna jeung bangsa Walanda. Musa ku Pamaréntah Hindia Walanda dipercaya pisan, nepi ka ku jasana ka pamaréntah, kungsi dijangjian kalungguhan pikeun kulawargana nepi ka tujuh turunan. Tina dalitna jeung Holle ogé Musa bisa ngembangkeun bakat nulis/ngarangna sahingga karya-karyana (boh pituin atawa saduran/tarjamah) bisa dicitak nepi ka rébuan éksemplar di Jakarta.

Ti antara para putrana, nu kawarisan bakat/ karesep nyerat nyaéta Lasminingrat jeung Kartawinata.

Karya-karyana:

Karya Muhamad Musa pangmashurna nyaéta Wawacan Panji Wulung nu munggaran dicitak taun 1871. Karya-karya séjénna nu dicitak di antawisna,

    * 1862: Wawacan Raja Sudibya, Wawacan Wulang Krama, Wawacan Dongéng-dongéng, Wawacan Wulang Tani;
    * 1863: Carita Abdurahman jeung Abdurahim, Wawacan Seca Nala;
    * 1864: Ali Muhtar, Élmu Nyawah;
    * 1865: Wawacan Wulang Murid, Wawacan Wulang Guru;
    * 1866: Dongéng-dongéng nu Aranéh;
    * 1867: Dongéng-dongéng Pieunteungeun;
    * 1872: Wawacan Lampah Sekar;
    * 1881: Santri Gagal, Hibat.

Dicandak ti: Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda.
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.



23 Des 2009

Poto “Narsis” Oncom Bandung

CIMG1566 CIMG1567 CIMG1568 CIMG1569 CIMG1570

Sanajan katuangan ieu teh gés loba nu dijual di daerah pakotaan sabudeureun Bandung (jawa barat), ngan tétép we oncom Bandung nu asli mah ngan sakur aya di Kota Bandung eta soreangan, satatusna teh ku simkuring mah da tos jantén katuangan khas daerah Bandung pisan!

Oncom nyaeta sajenis katuangan nu di permentasikeun (dipeuyeum) sapertos tempe, mung benten deui bahan ragi-na saréng tempe mah, warna tur bentukna langkung “Heboh” warnana semu gedang asak samodel jamur – jamur sahingga rasana ge semu haseum...ngan lamun nu résép mah ieu katuangan teh nikmat kacida. Oncom teh sok dijién sagala rupaning masakan samisalna Pais asin Oncom jeng surwung, sangu tutg oncom tea géning nu peuleum kacida jeng beuleum peuda beureum, ngacay!

Hampura lamun poto – poto diluhur kaliwat narsis pisan kawas nu moto artis wae nya di bulak balik haha (kumatakna judulna ge di tanda kutipan)…atuhda bakat ning ku atoh kamari dikintunan oncom ti Bandung ku pun uwa…asa tos mang taun – tau teu nuang oncom ditambulan haha.

Cag ah, baktos simkuring Lilis Mayasari/ LieZMaya,.



12 Des 2009

Ngicalan Kaos Ngariung.Com

kaos sunda ngariung.comPangumuman, ka singsaha bae anu minat hoyong ngagaduhan kaos Ngariung.com (Komunitas urang sunda online) naha eta kaasup member atanapi sanes oge mangga kontak bae simkuring kangge konfirmasina ku cara ngintunan email ka ngariung (et) gmail (dot) com atanapi langsung bae toal simkuring dina YM: Mayaliez – Gtalk: Liezmaya (at) gmail.com

Kumargi stok kaos mung kantun sakedik deui, mangga atuh enggal bae pesenna, da sistemna siapa cepat dia dapat hehe…conto kaosna dihandap ieu yeuh.

Catetan: Alhamdulillah, Hatur nuhun ka para wargi nu parantos ngalunasan tagihan, InsyaAlloh kiriman paket kaos dikintun ku simkuring ngawitan dinten senen, kaping 14 Desember 2009, kanu teu acan…mangga diantos konfirmasi pembayaranana.

Tshirt-ngariung back front




 

Nunutur

Surélék

Daftar Blog Saya

Nu ngalongok