Raih Penghasilan tambahan Jutaan Rupiah!

Voucher iklan autosubmit iklan murah

21 Okt 2010

Sisi Padang Panjang

lady_of_the_lake_by_Blade707

Bentang – bentang baranang
Maturan kuring nyorangan merengan bulan sapasi
Tiris kalimpudan halimun ipis harita Jungjunan
Sacarang endah nya pedah anjen cenah rek datang nyanding herepan urang

Naha poek halimun teh beuki kandel beuki tiris
Kakangen teh ges montel kacida dina dada
Naha salira teu katinggal irung – irungna acan
Dug deg hate hariwang ngarep – ngarep nu dipika melang

Naha kamana atuh Jungjunan salira teh
Dugi enjing panon poe tos moncereng jangkung
Gening taya wae laratanana

Sabulan ngadukdukan angeun neang nu jadi kakasih
Hor ceunah gening salira teh tos tilar dunya di jati Asih
Asa kabentar gelap tengah poe ereng – erengan
Kuring ngaheuluk sorengan dipadang panjang
Nyinghareupan patilasan jasad salira nu angkat nyorangan

Duh engkang pujaan hate, Jungjunan qolbu Euis
Poe ieu ges sataun Anjen mulang
Masih teu ilang teu kurang kanyaah kasono kanggo Anjen

Da Cimata teh bongan teu saat – saat wae
Isukan tungguan Euis nyusul di leuwi bulan disisi padang panjang

Duh engkang pujaan hate, Jungjunan qolbu Euis
Poe ieu ges sataun Anjen mulang
Masih teu ilang teu kurang kanyaah kasono kanggo Anjen
Da Cimata teh bongan teu saat – saat wae
Isukan tungguan Euis nyusul di leuwi bulan disisi padang panjang

-----------------------

Baktos simkuring, Lilis mayasari/ LieZMaya – Sajak nu ker ngahuleng sono kakasih peuting ieu.
Image: lady of the lake by ~Blade707 DeviantArt.





Tutumbu Carita diluhur:

5 pesen:

Budhi panca mengatakan...

teh hebat euy...meuni seseredetan maos eta kereteg hate teh ..atanapi puisi..pokona mah edun
nuhun teh katampi.

baktos ti pribados anu sono kana bandros,

BUDHI PANCA
SHEBA 99,3 FM Suara Bogor Barat
Jl.Raya Leuwiliang KM.22 Bogor Barat
0251-8640993/ Fax: 0251-8641040
HP: 081389313993

Dik Dik Rahmat Rahardi mengatakan...

wah Tjeu, meni waas eta ningali sareng nga'os unek-unek hate sanubari
jiga pisan seniman teh.
Sok atuh ari gera pintonkeun eta nonoman teh..........

Mastoer Hadi mengatakan...

mana tulisan yang lain neng , beberapa bulan ini jarang ada cerita dari tatar sunda, terima kasih

Abu Ridla mengatakan...

sae pisan bahasana nyambung kana rasa tapi mdh2an ulah kaalaman sing ulah kajntnan sprt ayana gelap keur tengah poe ereng2an sedih atuda cimata oge teu aya saatna saenamah teu kedah hoyong nyusul da kdh yqin aya nu leuwih mikanyaah ieuh Allah swt

Ujang Dadun mengatakan...

Hatur Nuhun Neng Sajakna Sae pisan (alus alus pisan ceuk urang bogormah)


 

Nunutur

Surélék

Daftar Blog Saya

  • Mobil - *Mobil* (kependekan dari *otomobil*yang berasal dari bahasa Yunani 'autos' (sendiri) dan Latin 'movére'(bergerak)) adalah kendaraan beroda empat atau lebi...
    6 jam yang lalu
  • Harga Voucher Autosubmit & Cara pemesanannya - 1. Untuk ORDER VOUCHER, silahkan Isi Form Pemesanan dibawah ini dengan Lengkap dan Jelas, 2. Segera CEK Email anda (sistem email saya akan secara otomatis ...
    7 bulan yang lalu

Nu ngalongok