Wilujeng Sumping, kumaha daramang lur?
Alhamdulillah dugi ka deugeut ayéna, nyaeta dintén parantos aya Jumlah pengikut Blog ini nu satia uplék maranco langganan artikel didieu. Taah boh bilih salira kataji tur Hoyong rutin langganan carita website blog sunda LieZMaya.Web.ID ieu, sok mangga kantun Kétik bae alamat Email salira di kotak handap iéu: (Haratisss!)

0 com

Babad Cirebon

Babad Cirebon nyaéta karya sastra sajarah nu disusun dina tengah abad ka-19 di Cirebon jeung nyaritakeun kamekaran kasultanan Cirebon ti awal nepi ka mangsa penjajahan Inggris di pulo Jawa. Karéréan carita (leuwih ti 50%) nyaritakeun Sunan Gunung Jati salaku nu nyebarkeun agama Islam di Jawa Barat jeung nu ngadegkeun Kasultanan Cirebon. Ditulis dina huruf arab jeung ngagunakeun basa Jawa Cirebon sarta ditulis dina wangun wawacan.

Disalin sababaraha kali di sawatara tempat di wewengkon Cirebon jeung Priangan. Dina prosés nyalin téks téh ngahasilkeun sababaraha vérsi anu béda-béda. Samalah di Priangan ditarjamahkeun atawa disadur dina basa Sunda sakapeung mah make judul anu béda, kayaning Sajarah Lampahing Para Wali Kabéh (Riwayat Prilaku dan Perbuatan semua Wali). Naskah-naskahna kiwari aya di Perpustakaan Nasional Jakarta, Universiteits Bibliotheek Leiden (negeri Belanda), British Museum (London, Inggris), Museum Sri Baduga Bandung jeung di unggal individu jalma di Jawa Barat.

Ulikan kana Babad Cirebon téh geus dilakonan ku J.L.A Brandes jeung R.A Kern, tapi kawatesanan puseur ulikanana wungkul kana alihaksara (tina huruf Arab kana huruf Latin) jeung édisi téks dumasar dua naskah (Br36 jeung Br.107) nu kiwari disimpen di Perpustakaan Nasional Jakarta kalawan panganteur ulikan sarta ringkesan eusi dina basa Walanda. Karéréaan édisina nyaritakeun hal ihwal Sunan Gunung Jati katut Wali Songo. Sacara Tradisional mah Babad Cirebon téh ku urang-urang Cirebon mah dianggap sajarah.
Rujukan: * Rosidi, Ajip.dkk. 2000. Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Cirebon dan Betawi), Jakarta: Pustaka Jaya.

Di candak ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.
Gambar: REXYO74.COM

Read more »

Tatapakan